Page 8 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 8

Panganteur










                  Anu keur disanghareupan ku hidep téh buku Pamekar Diajar
            Basa Sunda. Ieu buku diajangkeun pikeun sakumna murid di Jawa
            Barat, jadi buku babon pikeun pangajaran basa Sunda. Kabéhna
            téh aya 12 buku, hasil gawé tim panyusun anu meunang pancén
            ti Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. Jilid I tepi ka VI pikeun
            murid SD/MI, jilid VII tepi ka IX pikeun murid SMP/MTs, jeung
            jilid X tepi ka XII pikeun murid SMA/SMK/MA/MAK.
                  Medalna ieu buku téh pikeun méré lahan ka sakumna murid
            anu  dialajar  basa  Sunda,  kalawan  harepan  hidep  sakabéh  enya-
            enya  ngamangpaatkeun.  Ku  diajar  basa  Sunda  tina  ieu  buku,
            dipiharep  kanyaho  jeung  kabisa  hidep  dina  ngagunakeun  basa
            Sunda bisa ningkat jeung nambahan. Lian ti éta, hidep jadi leuwih
            resep ngagunakeun basa Sunda dina kahirupan sapopoé. Éta mah
            naha di sakola, di lingkungan kulawarga, atawa di tempat ulin.
                  Meureun ti antara hidep aya nu tumanya, naha maké kudu
            diajar  basa  Sunda  sagala?  Naha  naon  gunana  atuh?  Jih,  pangna
            diajarkeun di sakola ogé éta téh ku sabab loba mangpaatna dina
            kahirupan sapopoé. Anu paling karasa upamana waé urang bakal
            bisa komunikasi ku basa Sunda kalawan hadé tur merenah. Loba
            kauntunganana  lamun  urang  bisa  ngagunakeun  basa  Sunda
            téh,  di  antarana  waé  urang  bakal  nyaho  jeung  bisa  neuleuman
            kabeungharan budaya Sunda. Apan budaya Sunda téh jadi bagian
            penting tina budaya nasional Indonésia. Salian ti éta, apan hidep
            di sakola diwajibkeun diajar basa Sunda. Meureun hidep tumanya
            deui, naha ari diajar basa Sunda téh babari? Jih, nya babari atuh.
            Jaba deuih resep.
                  Bieu  gé  geus  disebutkeun,  teu  hésé  diajar  basa  Sunda  téh,
            komo deui pikeun urang Sundana sorangan mah. Dalah najan lain



                                                                                          vii
   3   4   5   6   7   8   9   10   11   12   13