Page 13 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 13
aha nu resep ngahariring? Ulah K-pop waé nya
ngahariringna. Geura kawih-kawih Sunda ogé
Sngeunah pisan mun dihariringkeun. Nurutkeun
panalungtikan paraahli, remen ngawih téh bisa ngaron-
jatkeun kamampuh gawé uteuk jeung ngurangan strés
nepi ka 30 %. Wah...wah...gedé ogé nya mangpaat ngaha-
riring téh. Lian ti kitu, kawih ogé bisa jadi média pikeun
ngébréhkeun eusi haté. Nu matak, hayu geura urang diajar
ngawih. Dina ieu pangajaran hidep bakal diajar ngahaleu-
angkeun kawih-kawih Sunda, mahamkeun eusina, néang-
an purwakantina, jeung nyaritakeun eusina.
A. Ngaregepkeun Kawih
Regepkeun kawih di handap ngaliwatan kasét/CD/
dihaleuangkeun ku Bapa/Ibu Guru.
Pahlawan Toha
Getih suci nyiram bumi
tulang sétra mulang lemah
babakti sungkem pertiwi
cikal bugang putra bangsa
Nyatana Muhamad Toha
pahlawan Bandung Selatan
patriot ti Dayeuh Kolot
tugu diwangun ngajadi ciri
taraté nu mangkak ligar di émpang
Muhammad Toha jadi bukti gugurna pahlawan bangsa
Sumber: id.wikipedia.org
2 Pamekar Diajar BASA SUNDA
Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII

