Page 9 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 9

keur urang Sunda ogé sarua waé teu hésé. Ku kituna, hidep teu kudu
              ngarasa seunggah. Ulah tacan gé nanaon geus nyebut horéam. Anu
              penting mah urangna sing enya-enya, boh enya-enya ngabandungan
              pedaran  ti  Ibu/Bapa  Guru,  boh  enya-enya  dina  ngapalkeun  jeung
              migawé latihanana. Lian ti éta, kacida hadéna mun hidep getol maca
              buku-buku basa Sunda lianna, maca surat kabar jeung majalah anu
              ngagunakeun basa Sunda, atawa ngabandungan siaran radio jeung
              televisi dina program basa Sunda. Hal séjénna anu bisa dipigawé ku
              hidep nyaéta lalajo pagelaran kasenian Sunda.

                   Cindekna  mah,  sakali  deui  rék  ditandeskeun,  entong  ngarasa
              sieun atawa horéam dina nyanghareupan pangajaran basa Sunda téh.
              Kapan heueuh babari, jeung matak resep deuih.
                   Geura ayeuna urang mimitian. Bismillah ....




                                                         Bandung, Oktober 2013
                                                         Salam ti nu nyusun ieu buku






































       viii
   4   5   6   7   8   9   10   11   12   13   14