Page 8 - Buku Siswa Bahasa Sunda Kelas 9_Neat
P. 8

Bieu gé geus disebutkeun, teu hésé diajar basa Sunda téh, komo deui
           pikeun urang Sundana sorangan mah. Dalah najan lain keur urang Sunda
           ogé  sarua  waé  teu  hésé.  Ku  kituna,  hidep  teu  kudu  ngarasa  seunggah.
           Ulah tacan gé nanaon geus nyebut horéam. Anu penting mah urangna sing
           enya-enya, boh enya-enya ngabandungan pedaran ti Ibu/Bapa Guru, boh
           enya-enya dina ngapalkeun jeung migawé latihanana. Lian ti éta, kacida
           hadéna mun hidep getol maca buku-buku basa Sunda lianna, maca surat
           kabar jeung majalah anu ngagunakeun basa Sunda, atawa ngabandungan
           siaran radio jeung televisi dina program basa Sunda. Hal séjénna anu bisa
           dipigawé ku hidep nyaéta lalajo pagelaran kasenian Sunda.

                 Cindekna mah, sakali deui rék ditandeskeun, entong ngarasa sieun
           atawa  horéam  dina  nyanghareupan  pangajaran  basa  Sunda  téh.  Kapan
           heueuh babari, jeung matak resep deuih.
                 Geura ayeuna urang mimitian. Bismillah ....




                                                      Bandung, Oktober 2013
                                                      Salam ti nu nyusun ieu buku




































       viii
   3   4   5   6   7   8   9   10   11   12   13