Page 13 - Buku Siswa Bahasa Sunda Kelas 9_Neat
P. 13

Hatur  séwu  nuhun  ka  Bapa  miwah
            Ibu,  kalih  hadirin  sadaya  anu  parantos
            kersa  rurumpaheun  sumping  ngaluuhan
            ieu acara. Pamugi ieu silaturrahmi téh sing
            nyandak barokah sareng kasaéan ka urang
            sadaya.
                  Hadirin anu sami linggih!

                  Supados ieu acara lumangsung kala-
            yan  lungsur-langsar  sarta  aya  dina  rido
            Alloh  SWT,  sumangga  urang  kawitan  ku
            maoskeun basmallah sasarengan, bismillah-
            irrohmanirrohim.

                  Salajengna, sim kuring badé ngadugi-
            keun runtuyan acara, anu badé dipidang-
            keun dina ieu acara Paturay Tineung.

            1.    Bubuka
            2.    Ngaoskeun ayat Suci Al Qur’an
            3.    Laporan  Pupuhu  Panitia  Paturay
                  Tineung
            4.    Hariring kawih “Sabilulungan”
            5.    Biantara Pangbagéa ti Pupuhu Komite
                  Sakola
            6.    Hariring Himneu SMP
            7.    Biantara Bapa Kapala Sakola                         Sumber: dokumen pribadi
            8.    Upacara Adat “Prosesi Penglepasan” Kelas IX
            9.    Pamasrahan ijasah sacara simbolik ka siswa Kelas IX
            10.  Piagem pangajen ka 10 siswa nu nyangking préstasi.
            11.  Nembangkeun lagu wajib “Syukur”
            12.  Panutup/Du'a
            13.  Pinton Seni


                  Salajengna  sim  kuring  ngahaturanan  Sadérék  Syifa  Rahmawati
            kanggo maoskeun ayat suci Al Qur’an. Sumangga dihaturanan!





                                                                                        3
                      Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX
   8   9   10   11   12   13   14   15   16   17   18