Page 12 - Buku Siswa Bahasa Sunda Kelas 9_Neat
P. 12

ina  hiji  acara,  urang  sok  ningal  aya  jalma  anu
                                    kapapancénan    ngatur  acara,  anu  ilahar  sok
                           Ddisebut  panata  acara  atawa  MC  (Master  of
                           Ceremony).  Pancénna  purah  nyusun  runtuyan  acara,
                           nangtukeun sarta ngahaturanan saha-sahana anu midang
                           atawa cacarita dina éta acara. Sagédéngeun panata acara,
                           aya deui anu disebut panumbu catur atawa sok katelah
                           modérator.  Ieu  ogé  pancénna  méh  sarua,  purah  ngatur
                           lumangsungna  hiji  acara.  Bédana,  panumbu  catur  mah
                           ilaharna sok dipaké dina acara sawala atawa diskusi. Éta
                           anu dua téh urang sebut baé girang acara, nyaéta jalma
                           anu  miboga  pancén  ngatur  lumangsungna  hiji  acara.
                           Boh  panata  acara  boh  panumbu  catur,  diperedih  kudu
                           bisa nyarita kalawan lancar, sora anu ngoncrang ngarah
                           jéntré kadengéna, lentong anu merenah, sarta maké basa
                           anu  genah  éntép  seureuhna.  Dina  pangajaran  ayeuna
                           hidep  rék  niténan,  nyusun  téks  omongan  panata  acara
                           jeung panumbu catur, sarta ngedalkeun éta omongan di
                           hareupeun kelas.


          A.   Maca Wacana

               Baca sarta titénan ieu conto téks omongan di handap!
          1.   Panata Acara

               Ieu di handap aya conto téks omongan panata acara. Pék baca sarta
          tengetan ku hidep sing gemet!

               Assalamu’alaikum wr. wb.

               Bapa miwah Ibu, hadirin sadaya hormateun sim kuring!
               Langkung  ti  payun  sumangga  urang  nyanggakeun  puji  sinareng
          sukur ka Gusti Nu Maha Suci anu parantos maparin pirang-pirang ni’mat
          ka urang sadaya. Alhamdulillah ku rohmat manten-Na, dina danget ieu
          urang dipaparin séhat sareng kakiatan, dugi ka tiasa riung mungpulung
          di  ieu  patempatan,  dina  raraga  nyakséni  acara  paturay  tineung  sareng
          ngajurung  laku  ka  siswa-siswi  kelas  salapan  anu  parantos  lulus  ti  ieu
          sakola.
             2                                     Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                             Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                       3

                                                   Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX                                            Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX
   7   8   9   10   11   12   13   14   15   16   17