Page 14 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 14

B.  Mahamkeun Eusi Kawih

            1.  Eusi Kawih

                  Kawih  Sunda  téh  loba  pisan  rupana.  Aya  anu

            dipirig ku calung, ku degung, kacapi suling, malah anu
            dipirig ku keyboard jeung gitar ogé loba. Jejer/témana ogé
            rupa-rupa  deuih.  Aya  nu  nyaritakeun  cinta,  kahirupan,

            kaéndahan alam, cinta lemah cai, rupa-rupa kadaharan,
            jsb.  Jejer  kawih  anu  judulna  “Pahlawan  Toha”  mah
            ngeunaan  kapahlawanan.  Eusina  nyaritakeun  kajadian
            gugurna Muhamad Toha salasaurang pahlawan pajoang
            kamerdékaan ti Jawa Barat. Kajadian ieu téh kawangikeun

            ka  sakuliah  Nusantara.  Kumaha  gedéna  jasa  Muhamad
            Toha,  kagambar  dina  rumpaka  kawih.  Muhamad  Toha
            dianggap  maot  sahid  dina  kaayaan  suci.  Pan  disebutna

            ogé : getih suci nyiram bumi/tulang sétra mulang lemah.
            Rumpaka  getih  suci  jeung  tulang  sétra  nganggap  yén
            maotna dina kaayaan sahid.  Satuluyna Muhamad Toha gé
            disebut cikal bugang putra bangsa. Ieu rumpaka nétélakeun
            Muhamad  Toha  téh  dianggap  korban  munggaran  di

            pangperangan.  Sana-jan  saméméhna  tangtu  baé  geus
            loba  nu  jadi  korban  perang,  tapi  ku  gedé-gedéna  jasa
            Muhamad Toha dina mangsa perjoangan nepi ka dianggap

            cikal bugangna putra bangsa. Pantes rék kitu ogé, kapan
            Muhamad Toha téh ngorbankeun dirina sorangan waktu
            ngahuru gudang mesiu.

                  Dina  pada  kadua,  ieu  kawih  téh  nyaritakeun  yén
            Muhamad Toha téh urang Dayeuh Kolot, Bandung Selatan.
            Pikeun pangéling-éling kana jasana, diwangun tugu anu

            dikurilingan ku émpang pinuh kembang taraté. Éta tugu
            téh perenahna di sisi lapang di Dayeuh Kolot.






                         Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                     3
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   9   10   11   12   13   14   15   16   17   18   19