Page 111 - Buku Siswa Bahasa Sunda Kelas 9_Neat
P. 111

Gusti Prabu          :   Di sisi dayeuh? Di lebah mana?
            Ujang Gendul         :   Di tempat anu matak pikasediheun, Gusti Prabu.
            Gusti Prabu          :   (Colohok) Pikasediheun?
            Ujang Gendul         :   Sumuhun. Pikamelangeun!
            Gusti Prabu          :   (Beuki colohok) Pikamelangeun?
            Ujang Gendul         :   Sumuhun. Pikagilaeun!
            Gusti Prabu          :  (Ngarénjag reuwas) Pikagilaeun?
            Ujang Gendul         :   Sumuhun. Leres kitu, Gusti Prabu!
            Gusti Prabu          :  Bisa  lamun  ayeuna  ku  Ujang  ditéang  éta  Tujuh
                                   Mustika téh?
            Ujang Gendul         :   Mudah-mudahan tiasa, Gusti Prabu!
            Gusti Prabu          :  Nya  sukur  atuh  ari  kitu  mah.  (Tuluy  ngomong  ka
                                   saréréa)  Jung  ayeuna  mah  andika  sakabéh  geura
                                   mariang!  Téangan  Tujuh  Mustika  sing  tepi  ka
                                   kapanggih! Engké geuwat bawa ka dieu ka kaula!
                  (Saréréa indit, kaluar ti panggung, tinggal juru catur)



            D.   Pancén

                  Pék  jieun  naskah  drama  pondok,  sababak  atawa  dua  babak,
            babarengan jeung batur sakelompok. Caritana bisa diréka tina pangalaman
            hidep  sapopoé,  tapi  tangtu  bisa  diraéh  deui  diémbohan  dipapantes,
            sangkan matak resep molahkeunana. Para palakuna disaluyukeun jeung
            jumlah anggota kelompok, upamana limaan, tujuhan, jeung sajabana.

























                                                                                      101
                      Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX
   106   107   108   109   110   111   112