Page 109 - Buku Siswa Bahasa Sunda Kelas 9_Neat
P. 109

(Keur kitu norojol artis sinétron, kaluar tina tv)
            Artis                :  (Gumeulis) Abdi  artis  sinétron  Intan.  (Nunjuk  ka  nu
                                   nongton)  Ieu  sadayana  pasti  nge-fans  ka  abdi,  nya?
                                   Thank you! I love you all...!


                  (Béncong kaluar tina TV, nyanyi bari nabeuh kecrék, tuluy kiss-bye
            ka nu nongton)

            Béncong              :  (Sorana gedé semu ngirung) Abdi gé artis ti Taman
                                   Maluku.  Ih,  bingah  pisan,  tiasa  tepang  sareng
                                   kabogoh abdi sadayana!
            Gusti Prabu          :  Heup! Heup!  Ki Tabib, naha ieu maké aya artis jeung
                                   béncong  sagala?  Apan  kaula  mah  nitah  nyambat
                                   jalma-jalma sakti wungkul?
            Béncong              :   (Bari nyawél gado Gusti Prabu) Ih, Gusti Prabu galak,
                                   déh!
            Tabib                :    (Ngomongna  dilagukeun)  Ampun,  Gusti  Prabu!  Nu
                                   dua  ieu  mah  ujug-ujug  arasup  ka  jero  TV,  henteu
                                   disambat ku ana.
            Artis                :  (Ngadelék  ka  Tabib).  Héh,  Wan  Abud!  Abdi  mah
                                   seueur  penggemar.  Ayeuna  ka  dieu  oge  diondang
                                   ku  entertainer,  rek  aya  acara  jumpa  fans.  Nya,  nu
                                   nongton?
            Béncong              :  (Ngalinggek)  Abdi  gé  sami  da,  badé  tepang  sareng
                                   fans. Badé tepang sareng Si Upri, Si Nénsi, Si Cungho,
                                   Si  Johér.  Ih,  gemes,  gemeeees.....  deh  ka  Si  Johér.
                                   Ganteng sih, siga Irwansyah!
            Juru Catur           :  Gusti  Prabu!  Ieu  mahluk  ulah  diantep  bilih  teras
                                   beuki ngacapruk!
            Gusti Prabu          :  Andika  sakabéh  diondang  ka  dieu  lantaran  aya
                                   papancén  penting  ti  kaula!  Cing  ka  dieu  Mang
                                   Suparman!
            Superman             :  (Ngomong semu balélol) Superman, Gusti Prabu! Lain
                                   Suparman!
            Gusti Prabu          :  Héy ka dieu manéh Tukang Kardus!
            Robocop              :  I am Robocop, Gusti Prabu! Lain Tukang Kardus!


                                                                                       99
                      Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX
   104   105   106   107   108   109   110   111   112