Page 107 - Buku Siswa Bahasa Sunda Kelas 9_Neat
P. 107

ayeuna énté hayang naon?
            Dukun              :  Eu...kaula hanaang! Hanaang! Hayang nginum!
            Tabib              :  (Bari nompokeun sungut kana poci) Cai! Cai! Cai!

                  (Lung  ti  gigireun  panggung  aya  nu  ngalungkeun  aqua  gelas  ka
            hareupeun dukun)
            Dukun              :  Wah,  élmu  kaula  leuwih  sakti.  Teu  percaya?  Sok  éta
                                 réncang  sampéyan  ku  kaula  rék  dirobah  wujudna!
                                 (Menekung  bari  ngagibrigkeun  leungeun)  Minda  rupa!
                                 Minda rupa! Minda rupa jadi lutung! Jadi lutung....!
                  (Bréh  awak  tabib  2  robah  jadi  lutung.  Lutung  jungang-jéngong,
            ngabegégan sarta rék nyakar ka tabib. Tabib lulumpatan sieuneun. Lutung
            tuluy kaluar ti panggung)

            Tabib              :  (Ngomongna dilagukeun) Naam! Naam! Ana yaqin, yaqin,
                                 yaqiiin....kana élmu énté. Sok ayeuna énté dititah naon
                                 ku Gusti Prabu téh?
            Dukun              :  Euh!  Kaula  dititah  ngadatangkeun  jalma-jalma  sakti
                                 anu bakal bisa néangan Tujuh Mustika. (Tuluy menekung,
                                 mapatkeun jampé pamaké)


                                         Puruluk bul paralak bay
                                         Puruluk bul paralak bay
                                                Nyambat ka kidul, cunduk ti kidul
                                         Nyambat ka kalér, datang ti kalér
                                               Nyambat ka wétan, datang ti wétan
                                         Nyambat ka kulon, cunduk ti kulon.....!

                  (Torojol sangkuriang, soloyong gebru ka hareupeun ki dukun. Teu
            lila torojol gatotgaca, soloyong, gebru ka hareupeun ki dukun. Ki dukun
            ngagibrigkeun leu-ngeun deui, tuluy ngepoh tarik, “puah!”. Éta dua jalma
            carengkat)

            Sangkuriang          :  Kaula nu katelah Sangkuriang! Kaula nu geus nyépak
                                   parahu  jadi  gunung.  Aya  naon  andika  ngondang
                                   kaula?
            Gatotgaca            :  Hmmm.....kaula  Radén  Gatotgaca  nu  gagah  ti
                                   Pringgandani. Aya naon andika nyambat kaula?
                                                                                       97
                      Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX
   102   103   104   105   106   107   108   109   110   111   112