Page 106 - Buku Siswa Bahasa Sunda Kelas 9_Neat
P. 106

Inten Déwata (Wahyu Wibisana), Raja Wales (R. Hidayat Suryalaga), Prabu
          Tarusbawa (Saini KM), Nagri Katumbiri (Nunu Nazarudin Azhar), Cukang
          (Dadan Sutisna), Bandéra! Bandéra! Bandéra! (Toni Lesmana).  jsb.



          C.   Metakeun Drama

          Kagiatan:

          1.   Ieu di handap aya naskah drama tuluyna tina naskah “Si Ujang Jadi
               Prabu”  nu  tadi.  Pék  baca  sarta  pagunemkeun  heula  dialogna  ku
               hidep jeung batur sakelompok kalawan lentong anu merenah.
          2.   Upama  pagunemanana  geus  apal  sarta  palaku-palakuna  geus
               ditangtukeun, pék polahkeun (ragakeun) di hareupeun kelas!

          (Tuluyna tina naskah “Si Ujang Jadi Prabu”)

          Babak 3


               (Dukun asup ka panggung bari nampék parukuyan ngebul. Pepeta
          nurutkeun lagu. Jréng musik padang pasir. Torojol tabib duaan ngagéol
          bari pepeta kawas penyanyi. Rengsé lagu, silih tunjuk jeung dukun. Seuri
          bareng  ngagakgak.  Jep.  Cakakak  deui  seuri  bareng.  Jep  deui.  Cakakak
          deui.)
          Tabib             :  (Ngomongna dilagukeun, kawas keur tagonian) Énté
                              pasti dukun ti Ciréyod! Ha...ha...ha...
          Dukun             :  (Nunjuk) Sampéan pasti Tukang Sulap! Ha...ha...ha...
          Tabib             :  (Ngomongna  dilagukeun)  Ana  Wan  Mahmud,  tabib
                              kasohor ti Bagdad. Ana diondang ku Gusti Prabu. Ana
                              bawa ieu Poci Aladin, insya Alloh ieu poci sakti. Ha...
                              ha...ha....
          Dukun             :  Kaula dukun weduk, dukun mashur di ieu karajaan!
                              Ha...ha...ha...  Kaula  diondang  ku  Gusti  Prabu,  sina
                              nyambat ngadatangkeun jalma-jalma sakti.


          Tabib             :  (Ngomongna dilagukeun) Subhanalloh! Lamun ana boga
                              kabutuh,  ana  kari  ngomong  ka  ieu  Poci Aladin.  Sok


            96                                     Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                             Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                       97

                                                   Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX                                            Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX
   101   102   103   104   105   106   107   108   109   110   111