Page 108 - Buku Siswa Bahasa Sunda Kelas 9_Neat
P. 108

Dukun               :  (Nyarita  kawas  lentong  Dorna)  É,  é,  é.....sampéyan,
                                sampéyan. Kudu ngalaksanakeun titah Gusti Prabu,
                                titah Gusti Prabu! Jék nong!
          Gatotgaca           :  (Ngagerem)  Hmmm....mana  raja  andika  téh?  Sok
                                burukeun, bisi ditonjok ku aing!
               (Juru catur asup ka panggung, tuluy gogorowokan ngageroan Gusti
          Prabu)
          Juru Catur          :   Gusti Prabu! Gusti Prabu! Gusti Prabu...!
               (Torojol Gusti Prabu Asup Ka Panggung Diiringkeun Ku Ponggawa
          Duaan)

          Gusti Prabu         :  Aya naon Juru Catur ngageroan kaula?
          Juru Catur          :   Ieu, Gusti Prabu, jalma sakti téa ku Ki Dukun parantos
                                disambat.
          Gusti Prabu         :  (Nempo  ka  Sangkuriang  jeung  Gatotgaca,  unggut-
                                unggutan) Naha ngan duaan Ki Dukun? Kapan ceuk
                                kaula ogé kudu sing loba anu disambatna?
          Tabib               :  (Ngomongna dilagukeun) Gusti Prabu! Élmu Ki Dukun
                                ngan sanggup ngadatangkeun jalma-jalma ti jaman
                                baheula. Kaula, maké ieu Poci Aladin, bakal sanggup
                                ngadatangkeun  jalma-jalma  ti  jaman  nu  bakal
                                datang.
          Gusti Prabu         :  Hmh...,  sok  atuh  geura  témbongkeun  kasaktian
                                andika!
               (Tabib tuluy menekung bari nompokeun sungutna kana poci aladin
          sarta nunjuk kana témbok istana)

          TABIB               :  (Ngomongna  dilagukeun)  Kaula  butuh  Televisi!
                                Televisi! Televisiiii...!
               (Témbok istana tuluy robah jadi televisi badag. Di jero TV katénjo
          aya Superman jeung Robocop. Éta dua tokoh téh tingrarigig, sarta terus
          nobros kaluar tina TV).
          Superman            :  (Ngomong semu balélol, bari nepak dada) I am Superman!
                                Hero of America!
          Robocop             :  (Nungkup  sungut,  sorana  leutik)    I  am  Robocop!  I  am
                                Robocop! Manusa cyber ti Pasar Kosambi!


            98                                     Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                             Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                       99

                                                   Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX                                            Pikeun Murid SMP/MTs Kelas IX
   103   104   105   106   107   108   109   110   111   112