Page 145 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 145

E.   Pancén


                           1.     Titénan conto surat pribadi di handap!


                                  Subang, 10 Agustus 2012

                                  Kahatur:  Silvia Déwi
                                                Di bumi

                                  Salam sono ti katebihan,

                                  Via,  kumaha  damang?  Ka  mana  waé,
                            mani  lami  teu  aya  wartos  nanaon.  Mugi-
                            mugi  waé  Via  sareng  kulawarga  aya  dina

                            panangtayungan  Allah  SWT.  salalamina.
                            Aamiin ya Robbal alamin.

                                  Via sono teu ka Adit? Ku naon geuning
                            meni pleng les teu aya wartosna. Adit nyobian
                            nga-sms, teu kakintun waé. Di miscall, hapé

                            Via  teu  aktip.  Nyobian  muka  facebook,
                            geuning Adit di-remove ku Via. Ku Adit di-
                            inbox, teu aya waé waleran. Aya naon Via?
                            Gaduh dosa naon Adit ka Via,  dugi ka jiga

                            nu alim silaturahmi deui?

                                  Ehm       Via,     Adit      téh     meni      sedih
                            sakalangkung.  Tangtos  Via  gentos  nomer,
                            numawi teu aktip ogé nomer nu kamari nya.

                            Bilih Adit gaduh kalepatan anu ngajaheutkeun
                            manah  Via,  numawi  isin-isin  ogé  Adit  lah-
                            lahan ngintun ieu serat.  Supados Via terang

                            kumaha kaayaan Adit saparantosna teu aya
                            kontak sareng Via, atuh Adit ogé tiasa terang
                            naon saleresna kalepatan Adit ka Via, dugi

                            ka Via téga ka Adit.


            134                                   Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                                                  Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   140   141   142   143   144   145   146   147   148   149   150