Page 141 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 141

1.    Ngeunaan Surat Ondangan


               Tangtu  baé  surat  nu  ieu  mah  disebutna  surat  ondangan  hajat.
          Kabaca dina maksud anu ditulis dina éta surat. Kulawarga Bapa Jayadi,
          SH. sareng Bapa Drs. Suryadinata bébésanan nikahkeun  putra-putrina.
          Najan ditujukeunna ka lobaan, tapi da kaasup kénéh kana surat pribadi,
          lantaran eusina ngandung maksud pribadi nu ngirim surat.


          a.   Babagian Surat Ondangan
               Dina surat ondangan di luhur, dimimitian ku titimangsa (Subang, 01
          Séptémber 2014), tuluy salam bubuka, maksud atawa eusi surat, waktu jeung
          tempat anu kudu didatangan ku anu diondang, panutup surat, salam panutup,
          jeung idéntitas anu ngirim suratna. Lantaran ieu mah surat anu ditujukeun ka
          umum, basana ogé ringkes tur padet, najan rada diréka ku basa anu maké
          mamanis sangkan genah dibacana. Biasana sok ditambahan ku pamangku
          hajat jeung gupay panghiap (turut mengundang). Kitu deui waktu akad jeung
          hiburan sok ditétélakeun, ngan biasana dina lambaran séjénna.


          b.     Mun digambarkeun  kieu babagian surat ondangan hajat téh:


                                          1. (titimangsa)
                                        2. Salam bubuka
                           3. Bubuka surat panganteur kana maksud
                                      4. Maksud/eusi  surat
                       5. Panutup surat  nganuhunkeun ti saméméhna
                                        6. salam panutup
             7. Ngaran kulawarga nu ngondang. Mun nikahkeun ditulis ngaran
             nu hajat jeung ngaran pibésaneun (kolot lalaki jeung kolot awéwé)





                                             Latihan:

          1.    Naha surat ondangan hajat kaasup  surat pribadi atawa surat dines?
               Sebutkeun alesanana!
          2.    Naon kagunaanna surat ondangan hajat?
          3.    Ti saha jeung keur saha surat ondangan di luhur téh?
          4.    Naha wangun surat ondangan  hajat béda jeung surat pribadi?


            130                                   Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                                                  Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   136   137   138   139   140   141   142   143   144   145   146