Page 147 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 147

Sangkan  leuwih  paham  kana  eusi  surat  di  luhur,
                           pigawé kagiatan di handap!
                           a.   Baca  surat  tadi  sing  gemet.  Catetkeun  hal-hal  anu
                                penting anu kapanggih dina éta surat!


                           b.   Wincik  surat  di  luhur,  dumasar  kana  babagianna.
                                Sebutkeun ti mimiti titimangsa, tujuan surat, salam
                                bubuka, eusi, salam panutup, nepi ka anu ngirimna!


                           c.   Téangan kecap-kecap anu teu kaharti, tuluy téangan
                                hartina dina kamus!


                           d.   Dina  surat  di  luhur  aya  kecap  anu  diréka  jeung
                                babasan. Cik pék sebutkeun kecap naon waé. Cutat
                                tina kalimahna!


                           e.   Caritakeun  deui  eusi  suratna  maké  basa  sorangan!
                                Dumasar kana eusi surat, sebutkeun saha ari Adit,
                                kumaha karakterna, saha ari Via, kumaha karakter
                                Via,  kumaha perasaan Adit ka Via, naon sabenerna
                                kahayang Adit ka Via, kira-kira Adit téh naonna Via,
                                jeung réa-réa deui.




                           2.    Bandingkeun surat  pribadi, ondangan hajat, jeung
                                surat dines di luhur. Tuliskeun naon bédana jeung
                                naon baé sasaruaanna, pangpangna tina:


                                1.    Wangunna
                                2.    Témana
                                3.    Eusi suratna!


                                Sangkan  katiténna  leuwih  jelas,  babandinganana
                           tuliskeun dina tabél di handap. Ulah poho tabélna disalin
                           heula kana buku tulis!




            136                                   Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                                                  Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   142   143   144   145   146   147   148   149   150   151   152