Page 143 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 143

Jumat  8  Nov  2013.  Pukul  20.00  –  22.00  WIB.  Di  Padépokan  Seni
               Mayang Sunda Jln. PETA No. 209, Bdg. Acara terbuka untuk umum
               gratis. (PS. Mayang Sunda. Disbudpar Kota Bdg.)
          b.    Uleman Deui; Bedah buku Antologi Sajak “Katumbiri” Ku Acep Iwan
               Saidi + Hawe Setiawan, di Padépokan Seni Mayang Sunda Jln Peta
               no 209, dinten Rebo 16 Oktober 2013 tbh 9.30. Mugi tiasa sumping
               nyandak balad. Punten béwarakeun deui ka nu sanés.
          c.    Ass. Dulur2 dihaturanan ngiring Temu Sastrawan Jabar ping 27- 29
               Méi di Hotél Panorama Lembang nu diayakeun ku Disparbud Jabar.
               Serat ulemanna aya di sim kuring. Kumargi bd medalkeun buku nu
               ngamuat karya peserta, panuhun ka sdyn ti ayeuna         ngintunkeun
               2 karya ka email sim kuring.


          2.     Conto sms pribadi
          a.    Damang ceu? Ka mana waé, mani plengles teu aya wartosna. Éh tgl
               20 kuring rék ka Bdg. Urang amprok  di alun2 yu, kuring rék ngajak
               dahar, kabeneran keur boga milik. Kadé poho nya. Ok?
          b.    Rina keur naon? Hiks-hiks....hayang ceurik jejeritan. Keuheul ka si
               mamah, isuk2  geus ngawékwék waé. Aya waé anu dicawadna téh.
               Kitu salah kieu salah. Kudu kumaha nya ari kuring?
          c.    Héy rék malmingan di mana? Urang lalajo band yu di alun2. Tibatan
               nganjentul teu puguh. Teu mayar  ieuh. Mun arék ké disampeur. Bls.


               Dina conto di luhur kaciri ondangan atawa surat pribadi dina sms
          mah pondok, najan informasina mah lengkep. Boh jejer, waktu, tempat,
          nepi  ka  anu  ngondangna  aya.  Ngan  ku  sabab  diwatesanan  ku  jumlah
          karakter  (hurup),  loba  tulisan  anu  disingget.  Upamana:  Bandung  jadi
          Bdg., dulur-dulur jadi dulur2, badé jadi bd., tanggal jadi tgl., jsb.

                                             Latihan

               Sangkan leuwih paham kana conto surat ngaliwatan sms, pék jawab
          pananya di handap!
          1.    Sebutkeun jejer surat dina sms ondangan resmi di luhur!
                 a.___________
                 b. ___________
                 c. ___________


            132                                   Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                                                  Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   138   139   140   141   142   143   144   145   146   147   148