Page 146 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 146

Upami téa mah leres Adit aya kalepatan,
              mangga Via nyarios waé. Sagala rupi masalah
              tiasa diréngsékeun upami aya komunikasi ti

              dua  pihak  mah.  Ulah  asa-asa  Vi,  badé  raos
              badé teu raos, Adit tos siap nampi. Tibatan
              dipangnyingkahankeun  jiga  kieu,  Adit  mah
              mending  langsung  diseueulan  waé.    Hadé

              ku  omong  goréng  ku  omong.  Upami  leres
              aya  kalepatan,  Adit  tiasa  langsung  neda

              sihapunten  ka  Via.  Upami  éta  kalepatan
              mung  panyangki  Via  wungkul,  panginten
              Adit  tiasa  ngajéntrékeun    anu  saleresna.
              Rupina bakal raos, boh ka Via boh ka Adit.

              Ku  kituna,  panuhun  Via  kersa  ngawaler
              ieu  serat.  Wios  mung  ukur  sakecap  ceuk
              paripaosna, Adit tangtos ngaraos bingah anu

              taya papadana. Mugi Via luntur galih, kersa
              ngaluangkeun waktos ngawaler serat ti Adit.
              Bilih  Via  teu  aya  waktos  nyerat,  mangga

              waler ngalangkungan sms waé. Nomer Adit
              teu acan gentos.

                    Via anu bageur,
                    Rupina  mung  sakieu  waé  serat  ti  Adit.

              Hapunten  bilih  aya  basa  anu  teu  karéka
              atanapi  kecap  nu  lepat  dina  larapna.
              Hapunten anu kasuhun. Diantos waleranana.
              Hatur nuhun sateuacanna. Mangga Vi......

                    Nu nganti waleran,

                    Aditya Pratama





                         Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                   135
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   141   142   143   144   145   146   147   148   149   150   151