Page 140 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 140

C.   Maca Surat Ondangan Hajat




                                   Subang, 01 Séptémber 2014


                                  Bismillahirrohmanirrohiim

                   Assalamu’alaikum warohmatullahi wabarokaatuh
                 Manawi aya widi ti Gusti Nu Maha Suci, Sim Kuring
                                   sakulawargi seja Sukuran
                                      Nikahkeun pun anak :


                           Dudu Prawira Sumantri, S.Pd

                                                  Ka
                           Néndén Déwi Pramanik, S.Pd




                            Dupi tempat sareng waktosna dina :
                                           dinten : Senén
                                   kaping : 15 Séptémber 2014

                              waktos : Tabuh 11.00 dugi ka 17.00
                               tempatna: Gedung Graha Shopia
                                     Jl. Otista no. 29 Subang

                Ngaraos bingah nu taya papadana saupami Bapa, Ibu,
               miwah sadérék sadaya tiasa sumping rurumpaheun dina
              waktosna, ngadeudeul du’a ka pun anak nu badé ngambah
                                      sagara rumah tangga.

              Kana kaweningan galih salira, langkung ti payun timpah
                                        hatur réwu nuhun.
                  Wassalamu’alaikum warohmatullahi wabarokaatuh.




                  Kulawarga                                    Kulawarga

                  Jayadi, SH                               Drs. Suryadinata




                         Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                   129
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   135   136   137   138   139   140   141   142   143   144   145