Page 151 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 151

garanna ogé carita pondok, tangtu caritana ogé
                                    parondok.  Mun  dibaca  téa  mah  pasti  sakali
                           Nanggeus.  Matak  ulah  wegah  méméh  der  maca,
                           da pondok ieuh. Geura resep pisan macaan carita pondok
                           téh.  Loba  pulunganeunana.  Komo  lamun  eusi  caritana
                           sarua  jeung  nu  kaalaman  ku  urang,  deuh  sok  resep
                           bari  jeung  sok  seuseurian  sorangan.  Sakapeung  sok  asa
                           kasindiran. Hal kitu téh teu anéh, da carita pondok mah
                           eusina ogé sok ngagambarkeun kahirupan sapopoé. Dina
                           pangajaran ieu hidep bakal diwanohkeun kana wangun
                           carita pondok sarta mikaweruh nu disebut téma, palaku,
                           latar waktu jeung tempat, galur, jeung amanat dina carita.
                           Geura yu, urang macaan carita pondok!



                           A.  MACA CARITA PONDOK

                           Baca sing bedas. Kadé lentongna kudu alus!

                                         Duh Indung
                                     Carpon Tetti Hodijah

               Geus saminggu dipaparin pancén ku Ibu Guru di sakola. Nepi ka
          ayeuna  can  sakotrét-kotrét  acan.  Mangkaning  kudu  dibawa  poé  isuk,
          bari kudu dibaca di hareup saurang-saurang. Basa keur kelas hiji kénéh
          mah  asa  teu  beurat-beurat  teuing  pancén  ngarang  téh.  Paling  dititah
          nyaritakeun pangalaman poé pakanci. Gampang nu kitu mah.

               “Barudak,  dina  raraga  miéling  dibabarkeunna  pahlawan  wanoja
          Rd. Déwi Sartika, ogé dina raraga miéling Hari Ibu, hidep kudu nyieun
          karangan nu patali jeung kaum wanoja!” saur Bu Guru.
               “Bu, ari wanoja téh naon?” Si Ipon ngacung.
               “Wanoja téh awéwé,” waler Bu Guru.

               Sabenerna  mah  kuring  gé  sarua  teu  nyaho.  Hadéna  wé  Si  Ipon
          miheulaan  ngacung,  bubuhan  manéhna  mah  pangpinterna  di  kelas,
          katurug-turug kolotna jeneng tur beunghar. Puguh wé pédé pisan. Ari
          kuring,  kajeun  réa  kapanasaran  gé  tara  ieuh  réa  tatanya,  inggis  pada
          nyeungseurikeun, ma’lum uteuk jajar pasar, jajauheun kana nyongcolang.


            140                                   Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                                                  Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   146   147   148   149   150   151   152   153   154   155   156