Page 152 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 152

Boga  kolot  kari  sabeulah,  kitu  ogé  ukur  tukang  buburuh  nyeuseuh  di
            imah batur, kalan-kalan sok aya nu ménta dipeuseul. Apan nelahna gé
            Ema téh tukang pijet. Enya, apan saprak ditinggalkeun ku Bapa mah Ema
            téh sasat dudulungsruk, nyiar kipayah sorangan keur ngabayuan kuring
            sadulur-dulur. Baréto onaman, najan ukur bisa hirup basajan, aya Bapa
            nu néangan pangupa jiwa. Ema mah asal boga tanaga keur nunungtun
            Bapa mun pareng indit-inditan jauh, balikna tangtu beubeunangan. Enya,
            pan Bapa kuring mah tuna nétra, pacabakanana jadi tukang pijet.
                  Karérét  Ema  saged  dangdan,  moal  salah  aya  nu  manggil,  ménta
            dipijet.

                  “Odéd, dibandungan téh ti kamari ngan huleng jentul waé. Geura
            ngala  cai  anggur  mah.  Tuh,  meungpeung  lowong,”  Ema  ngasongkeun
            émbér  bari  nunjuk  kana  lebah  keran  nu  pernahna  di  buruan  bumi  Pa
            RW.

                  Najan awak asa lungsé, teu burung émbér ditampanan. Leumpang
            bari  ngajingjing  émbér  muru  buruan  Pa  RW.  Gen  émbér  handapeun
            keran, cai ngagolontor hérang naker. Leuh, mun seug di imah sorangan
            réa cai bari hérang kawas kieu, meureun moal capé ngakutan. Leuheung
            basa ayeuna, soré, teu dirurusuh. Ari isuk-isuk mah waktu téh sok asa
            samporét pisan, bubuhan rék indit ka sakola.
                  “Deuleu étah, cai seret mudal kitu, Oded?” Ma Acih nyampeurkeun,
            leungeun kénca katuhuna ranggém ku émbér.

                  “Hah...!” awak ngarénjag, leungeun rikat nutup keran.
                  “Tong  dihambur-hambur  cai  téh,  lebar.  Mangkaning  geus  mimiti
            halodo,” Ma Acih gegelendeng.

                  Embér satengah dijéwang, rege-yeng dijinjing. Leumpang ngici-prit,
            ambéh  téréh  nepi.  Barang  sup  ka  kamar  mandi,  gulujur  cai  dicicikeun.
            Euleuh, meni celong kieu? Palangsiang, moal mahi saémbér dua émbér
            keur  minuhanana.  Mangkaning  nu  ngala  cai  geus  mimiti  rajol.  Baréto
            mah  basa  mimiti  pindah  ka  dieu,  dipipir  aya  sumur  timba. Asal  daék
            nimba,  cai  ngocor  ka  kamar  mandi  ngaliwatan  talang  tina  awi.  Ngan
            sanggeus  di  sakuriling  imah  jlug-jleg  imah  sigrong  tur  tohaga,  sumur
            jadi saat. Hadéna aya Pa RW nu bageur, kersa maparin cai ka sing saha
            nu di imahna teu barogaeun cai kawas kulawarga kuring. Réréana mah



                         Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                   141
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   147   148   149   150   151   152   153   154   155   156   157