Page 172 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 172

lagu  barat  (dina  basa  Inggris),  malah  mun  ngarti  mah  lagu
                        Koréa jeung Jepang ogé pék waé.
                         Biasana dina lagu téh aya nu ngalalakonkeun hiji kajadian, aya
                        nu ngan sakadar ngabudal-keun eusi haté wungkul. Ngan pédah
                        lagu  mah  kekecapanna  ringkes  pisan.  Ku  hidep  bisa  ditulis
                        deui eusi caritana maké basa lancar-an. Meunang ditambahan
                        sautak-saeutik  sangkan  leuwih  ramé  atawa  ditambahan  ku
                        paguneman.

                  2.    Tina catetan poéan hidep. Mun hidep boga catetan     poéan,
                        heug aya pangalaman anu teu bisa dipopohokeun sabab keuna
                        pisan kana haté. Tah éta bisa dijieun jejer/téma carita. Sangkan
                        ramé, kajadian bisa ditambah ku hasil lamunan hidep.
                  3.    Kajadian  spopoé  anu  kaalaman  ku  sorangan  atawa  ku
                        babaturan. Ieu ogé bisa dijieun jejer carita, tapi lamun hidep
                        nyaritakeun  lalakon  anu  kaalaman  ku  babaturan,  kadé
                        ngaranna ulah saenyana, bisi ngambek. Maké ngaran samaran
                        baé. Tapi caritana ulah saenyana teuing, meunang ditambahan
                        ku hasil imajinasi hidep, bisi jiga nulis  pangalaman pribadi.
                        Teu nanaon da carpon mah carita fiksi atawa rékaan.
            c.    Carpon  meunag  nulis  hidep  téh  baca  hareupeun  kelas  saurang-
                  saurang. Kadé lentong jeung ucapanana kudu merenah. Pangpangna
                  dina  ngucapkeun  warna  kalimah.  Upamana  kumaha  lentong
                  kalimah tanya,  kalimah warta, kalimah paréntah, jsb. kitu deui dina
                  ngucapkeun sora, upamana dina ngucapkeun  sora  eu, e (pepet),
                  jeung é (téléng). Leuwih alus mun dibarengan ku pasemon atawa riuk
                  beungeut jeung gerak awak anu luyu jeung eusi carita pondokna!





















                         Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                   161
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   167   168   169   170   171   172   173