Page 167 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 167

Tos  éta  ngahanca  bala-bala  anu  dicocolkeun  kana  sambel  suuk.
          Ieu  ogé  kénging  ngadamel  Mamah.  Tara  kersaeun  mésér,  najan  nu
          dagang bala-bala loba, atuh bungbuna aya di toko nu geus jadi. Da béda
          ngeunahna  bungbu  meunang  toko  jeung  buatan  Mamah  mah,  leuwih
          ngeunah meunang ngaréndos Mamah.
               Mun tos wareg bala-bala, diselang heula ku solat magrib berjamaah.
          Bapa nu jadi imamna. Tuluy ngado’a babarengan. Kuring mah sok ngado’a
          sangkan Bapa, Mamah, kuring jeung Si Adé, saréhat seueur rejeki, sarta
          seueur nu nyaaheun.
               Bérés solat, kakara nyerbu sangu sabalad-balad. Sadayana pasakan
          Mamah. Mun tos bérés neda téh sok tara kuat cengkat, bakating ku wareg.
          Tinggalolér heula hareupeun TV. Saur Mamah mah korban perang, keuna
          ku  témbakan  cenah.  Enya,  pan  sapopoé  tos  perang,  merangan  hawa
          napsu. Ari tos waktuna buka, tara kuat nahan napsu, sagala dihuapkeun.
          Akibatna sok tinggalolér.

               Tapi da ngagolér téh teu bisa lila, Mamah sok ngaburu-buru ngajak
          ka Masjid, tarawéh. Tah, dina waktuna tarawéh deuih nu sok resep téh.
          Sok loba pikaseurieunana. Tapi kétah mun tarawéhna gigireun Mamah
          mah tara bisa laluasa seuri, da sok molototan. Mamah mah galak pisan
          kana ibadah téh, teu meunang heureuy. Mun barudak lalaki nu balangor
          sok heureuy gé sok dicarékan ku Mamah, nepi ka cicingna.
               Ari  bangorna  barudak  lalaki  téa  atuh,  sok  kaleuwihan.  Mun  keur
          nangtung sok silihséréd, nepi ka tingrampéol. Malah sok aya nu ngagebut
          labuh  sagala.  Mun  geus  kitu  sok  tingarusek  seuri  ditahan.  Mun  keur
          ruku,  nu  cicing  di  tukang  sok  nyundul  bujur  nu  hareupeunana,  nepi
          ka  ngajolongjong,  nyundul  deui  nu  hareupeunana. Atuh  jadi  tabrakan
          beruntun.  Atawa  mun  keur  sujud,  nu  tukang  sok  nyolok  bujur  nu
          hareupeunana,  nepi  ka  tinggurubug.  Kitu  deui  mun  amin,  sok  bari
          diheureuykeun. Patarik-tarik bari dilagukeun. Pan sakali waktu mah Pa
          Ustad bendu, pédah aminna diheureuykeun ku barudak. Tapi da répéhna
          téh ukur sababaraha rakaat, ka dituna mah der deui der deui.

               Kuring  mah  tangka  sok  nyeri  beuteung  nahan  piseurieun.  Ari
          teu  seuri  da  lucu,  ari  seuri  sieun  ku  Mamah.  Saur  Mamah  téh,  “Nu
          ngaheureuykeun agama dianggap lucu! Kudu diélingan nu kitu mah lain
          diseungseurikeun!” cenah bari baeud.


            156                                   Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                                                  Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   162   163   164   165   166   167   168   169   170   171   172