Page 170 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 170

3.    Gambaran kaayaan sapopoé di kulawarga, hubungan antara indung
                  jeung bapa, kolot jeung anak, adi jeung lanceuk. Harmonis atawa
                  henteu.
            4.    Hidep  paséa  jeung  adi,  nepi  ka  adi  hidep  cilaka,  sarta  dibawa  ka
                  rumah sakit.
            5.    Timbul  rasa  dosa  dina  diri  hidep  basa  ningali  kasedih  indung
                  nyanghareupan éta musibah.
            6.    Hidep sieun dicarékan, tapi henteu, kanyaah indung ka hidep teu
                  ngurangan najan ngalakukeun salah.
            7.    Hidep ménta hampura sarta jangji moal deui deui maséaan adi.
            8.    Di rumah sakit saréréa kumpul, babarengan nguruskeun adi anu di
                  rawat.
                  Tina  rangkay  karangan  di  luhur,  hidep  bisa  nyieun  carpon  anu
            lumayan panjangna.  Ulah  poho  diselapan  ku paguneman  antara tokoh
            jeung tokoh.  Kalimah mimitina bisa dimimitian ku naon waé. Upamana:
                  Poé ieu Mamah masak pais lauk nila. Karesep kuring jeung si Adé.
            Seungit pais anu keur diseupan, melenghir minuhan dapur. Ngahudang
            lapar. Kuring ngintip ka dapur, teu kuat geus hayang geura am. Mamah
            nuju jongjon ngaréndos sambel. Najan salirana lintuh, Mamah mah gesit
            pisan barangdamelna...jst.


                                                Latihan

                  Pikeun latihan, hayu urang babarengan nulis carita pondok. Judulna
            “Kabeurangan”.  Ieu rangkay karanganna:

            1.    Peuting lalajo maén bal di televisi nepi ka jam 12
            2.     Isukna hudang kabeurangan
            3.    Rusuh dangdan rék sakola, nepi ka poho teu sasarap
            4.    Datang ka sakola panto gerbang geus ditutup
            5.    Dibawa ka rohang PKS kesiswaan, tuluy ditanya ku PKS kesiswaan
            6.     Dihukum  mulungan runtah
            7.    Keur  mulungan  runtah  handapeun  tangkal  palem  anu  kékép,
                  dipacok oray
            8.    Guru-guru reuwaseun, tuluy dibawa ka rumah sakit.
            9.    Bapa jeung Mamah datang ka rumah sakit
            10.   Dipapatahan ku Bapa.



                         Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                   159
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   165   166   167   168   169   170   171   172   173