Page 169 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 169

“Nu  matak  mun  jadi  imam  kudu  taliti,  ulah  nepi  ka  solat
          diheureuykeun  jamaah.  Imam  mah  teu  meunang  sagawayah,  kudu  nu
          masagi  élmuna,  boh  élmu  agamana  boh  élmu  kamanusaanana,”  saur
          Mamah bari nilepan mukena.
               Kuring teu pati ngarti maksud Mamah, ongkoh piseurieun can béak-
          béak. Ngeunah seuri téh, da sakali ieu mah Mamah teu molototan. ***


                                                            (Dicutat tina Manglé alit)

          E.   Nulis Carita Pondok

               Ceuk saha nulis carpon hésé? Hésé soténan mun ukur dibayangkeun
          bari jeung teu prak ditulis. Lamun hidep ngalaman hiji kajadian anu matak
          karasa pisan kana haté, geuwat tuliskeun. Ulah waka mikiran alus jeung
          goréngna  tulisan,  nu  penting  nulis  heula.  Pikeun  latihan  mah    alusna
          unggal poé nulis. Kajadian naon baé, rék  nu ramé rek henteu, tuliskeun.
          Tina nyusun kecap, ké bakal manjangan jadi nyusun kalimah. Mun geus
          jadi  kalimah,  tuluy  manjangan  jadi  paragrap.  Teu  nanaon  mimiti  nulis
          mah  saparagrap  heula,  tapi  sakabéh  unsur  anu  aya  dina  carpon  aya.
          Upamana, kasebut saha palakuna, kumaha watekna, di mana tempatna,
          naon témana, amanatna, jeung kumaha kajadianana.

               Léngkah  satuluyna,  éta  unsur-unsur  anu  aya  téh  dipisahkeun
          neundeunna. Anu tadina aya dina saparagrap, dipisahkeun kana paragraf
          kadua.  Kitu  jeung  kitu  baé,  paragrap  tambahan  pikeun  ngajéntrékeun
          tulisan saméméhna, tapi ulah kaluar tina carita anu poko. Lila-lila mah
          geura bakal beuki lancar nulisna. Lamun nulisna beuki lancar, bakal beuki
          gampang nyusun caritana.

               Sangkan babari sarta eusi caritana henteu méngpar tina jejer, alusna
          mah dijieun waé rangkay karanganana anu mangrupa runtuyan kajadian
          anu  bakal  ngawangun  eusi  carita.  Upamana  hidep  rék  nulis  ngeunaan
          kanyaah indung.

          Rangkay karanganana:
          1.    Gambaran  indung  hidep,  boh  wujud  lahiriahna  boh  pagawéan
               sapopoéna.
          2.    Kabiasaanna  indung  anu  pikaresepeun  atawa  pikakeuheuleun
               hidep


            158                                   Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                                                  Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   164   165   166   167   168   169   170   171   172   173