Page 171 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 171

Méh teu hésé teuing pikeun bubukana, tuluykeun alinéa di handap,
          tuluy susun karanganna dumasar kana rangkay di luhur!



                                         Kabeurangan

               Koréjat Si Udin hudang. Kagareuwahkeun ku sora anu brang-bréng-
          brong di dapur. Tina sela-sela hordéng, kaciri di luar geus caang. Boa-boa
          kabeurangan. Rék kana jam Ben10 anu ngadaplok dina témbok kamar.
          Gustiiii...geuning geus jam genep! Si Udin tibuburanjat turun tina risbang,
          ngarawél anduk, deregdeg lumpat ka kamar mandi __________________
          ________________________________________________________________
          ________________________________________________________________
          ________________________________________________________________
          ___________________________________________________________



          F.    Pancén Mandiri


          a.   Tangtu  hidep  sok  manggihan  Majalah  atawa  koran  anu  ditulis
               dina basa Sunda. Tah dina éta majalah atawa koran sok aya rubrik
               husus anu ngamuat carita pondok, boh keur bacaeun kolot boh keur
               bacaeun budak. Atawa dina internét ogé sok loba website Sunda anu
               ngamuat  carita  pondok.  Bacaan  ku  hidep  carita  pondokna,  tuluy
               pilih salahsahiji anu dipikaresep ku hidep.  Baca sing gemet, tuluy
               pigawé:
               1.    Jieun ringkesanana maké basa hidep sorangan
               2.    Tangtukeun témana
               3.    Saha palakuna
               4.    Kumaha watek palakuna
               5.    Sebutkeun latar waktu jeung tempatna
               6.    Sebutkeun amanatna
               7.    Tuliskeun galur atawa runtuyan kajadianana
          b.   Jieun  conto  carita  pondok  anu  témana  bébas,  panjangna  minimal
               dua lambar keretas tulis. Pikeun néangan ide caritana bisa ku rupa-
               rupa cara:
               1.    Ngupingkeun lalaguan boh lagu Sunda, lagu Indonésia, atawa



            160                                   Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                                                  Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   166   167   168   169   170   171   172   173