Page 168 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 168

Ti tanggal hiji nepi ka tanggal sapuluh mah Masjid téh pinuh-pinuh
            waé  ku  anu  tarawéh.  Tangka  sok  lébér  ka  buruan  Masjid  nu  solat  téh,
            da di jero teu kabagéan. Nincak tanggal wewelasan, mimiti coréngcang.
            Loba nu alpana. Nu sok getol téh ukur barudak wé, kolotna mah jarang.
            Ceuk Mamah mah geus loba nu gugur dina babak penyisihan. Jadi pas
            semifinal téh tinggal saeutikan.
                  Tah, mun geus tanggal lilikuran, Masjid téh sok rada pinuh deui, da
            katambahan ku nu mudik ti kota. Jamaah lolobana mah angger wé barudak
            sakola. Da éta meureun meunang tugas ti guru agamana masing-masing
            kudu ngeusian buku romadhon. Jadi daék teu daék kudu hadir baé di
            Masjid, da mun rék curang ménta tanda tangan wungkul, Pa Ustadna tara
            daékeun néken.

                  Pas peutingan pangahirna, kuring jeung Mamah pangheulana datang
            ka Masjid. Ulah kalékéd, saur Mamah téh, ayeuna malem final. Ngan juara
            bertahan nu kuat hadir. Kitu cenah. Kuring jadi sumanget tarawéh téh da
            asa jadi juara bertahan. Kabeneran Jama’ah téh rada rempeg. Masjid pinuh,
            malah aya nu ngampar di émpér sagala. Anu tadina geus bolos baé, aya
            nu daratang deui. Lumayan jadi haneuteun deui Masjid téh. Pa Ustad gé
            katingalina rada sumanget. Anu biasana tara aya ceramah gé ngadadak
            ceramah heula anu eusina nyaritakeun peutingan lailatul qodar.

                  Maca suratna gé nu paranjang deuih. Malah dina witir mah maca
            surat Yassin sagala. Teu tamat suratna mah, ukur sabagéan, ngan lumayan
            panjang wé. Pan di Masjid kuring mah mun solat witir téh sok dua kali
            salam.  Dua  rakaat  jeung  sarakaat.  Caritana,  pas  rakaat  nu  pangahirna,
            sumanget  Pa  Ustad  jigana  ngagedur  kénéh.  Da  éta  wé,  basa  sujud
            pangahirna, dililakeun. Lilaaaaaaaa pisan, nepi ka kesel nonggéng.
                  Ari  keur  kesel  kitu,  aya  nu  nyebut  Allahu  Akbar.  Jamaah  jajaran
            tukang  mah  kabéh  cengkat,  kaasup  kuring  jeung  Mamah.  Ari  pas
            ngarérét  ka  hareup,  kuring  reuwas,  lantaran  Pa  Ustad  jeung  dua  shap
            panghareupna mah can cengkat tina sujudna. Nu séjén brak-bruk sarujud
            deui, bari gandéng saleuseurian. Ari Mamah mah angger calik. Teu lila
            Pa Ustad ngucapkeun Allahu Akbar bari calik tahiyat ahir. Ari pas bérés
            salam, sugan téh mamah rék ngambek, ari heug téh kalah ngiring imut.
            Kagugu meureun. Lantaran lila teuing sujud, aya nu iseng nyebut Allahu
            Akbar. Atuh loba nu katipu.



                         Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                   157
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   163   164   165   166   167   168   169   170   171   172   173