Page 27 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 27

arta téh béja. Mun dina koran, majalah, atawa
                                      televisi sok disebut berita. Unggal poé televisi
                           Wngawartakeun rupa-rupa béja ti sakuliah dunya,
                           dina unggal widang kahirupan. Ayeuna mah mun hayang
                           nyaho kana kajadian di Amérika ogé teu kudu hiber jauh-
                           jauh  ka  ditu,  cukup  nyetél  televisi  atawa  maca  koran
                           jeung majalah, kabéh geus nyampak. Ku kituna, warta téh
                           geus  jadi  pangabutuh  hirup  sangkan  urang  apal  sagala
                           rupa kajadian di sakuliah dunya. Ceuk barudak ayeuna
                           mah sangkan up-date alias teu tinggaleun jaman. Warta
                           dina basa Sunda mah teu loba jiga dina basa Indonésia.
                           Majalah ogé ukur sababaraha hiji, kitu deui koran jeung
                           televisi.  Keun  baé  saeutik  ogé,  nu  penting  aya.  Dina
                           pangajaran ieu mah hidep ngan rék diwanohkeun warta
                           nu kungsi dimuat dina majalah jeung televisi. Naon waé
                           eusina,  kumawa  wangunna,    jeung  unsur-unsur  naon
                           waé  anu  kudu  aya  dina    warta  sangkan  informasi  anu
                           ditepikeunana lengkep.



                           A.  Maca Warta

                           1.  Warta dina Majalah


                             Seni Unggulan Daerah Midang di Bandung

                                Horéng seni daérah di Jawa Barat téh kacida euyeubna.
                           Unggal daérah boga kasenian anu jadi unggulan sarta jadi
                           asét nu bisa dijual keur kapentingan pariwisata. Kumaha
                           warna-warnina  budaya  daérah,  katangén  dina  acara
                           “Pekan  Seni  Budaya  Jawa  Barat  2013”  nu  lumangsung
                           salila tujuh poé tujuh peuting nyaéta ti tanggal tujuh nepi
                           ka tilubelas Séptémber 2013, di sabudeureun Gedong Saté
                           Bandung.
                                Eta acara téh dialpu-kahan ku Dinas Pariwisata dan
                           Kebudayaan Jawa Barat, dina raraga miéling milangkala
                           Provinsi Jawa Barat anu ka-68. Ieu acara anu dideugdeug



            16                                    Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                                                  Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   22   23   24   25   26   27   28   29   30   31   32