Page 30 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 30

kabupatén/kota, kuminitas seni, jeung pangrajin
                     seni Jawa Barat.
                  f.  Di mana lumangsungna éta kagiatan?
                     Jawabanana:  Di  sabudeureun  Gedong  Saté
                     Bandung.
                  g.  Iraha lumangsungna éta kagiatan?
                     Jawabanana:  Ti  tanggal  7  nepi  ka  13  Séptémber
                     2013.
                  h.  Naha éta kagiatan diayakeun?
                     Jawabanana:  Pikeun  ngareuah-reuah  miéling
                     Provinsi Jawa Barat anu ka-68.
                  i.   Kumaha  kaayaan di sabudeureun Gedong Saté?
                     Jawabanana:  Ramé  pisan,  nepi  ka  patalimarga
                     ogé macét pisan.
                  j.  Kumaha pangbagéa ti masarakat?
                     Jawabanana: Hadé pisan, buktina salila tujuh poé
                     tujuh peuting lumangsungna éta acara, teu weléh
                     dideugdeug ku masarakat.


                  Sabada  urang  niténan  pananya  jeung  jawaban  anu
            aya  dina  warta  di  luhur,    katitén  yén  dina  nulis  warta
            téh  kudu  nyumponan  hiji  rumusan  anu  disebut    5  W  +
            1H nyaéta what (naon), who (saha), where (di mana), when
            (iraha), why (naha), jeung how (kumaha). Ieu rumusan téh
            dina unggal warta kudu aya, sangkan eusi wartana jéntré
            tur tétéla nepi ka anu maca atawa anu ngabandungan éta
            warta bisa meunang informasi anu salengkep-lengkepna.
            Geura urang wincik deui ngarah jéntré!


              Rumusan Warta                   Conto Larapna

              Naon (what)         1.  Kagiatan  Pekan  Seni  Jawa  Barat
                                     2013  anu  mintonkeun  rupa-rupa
                                     seni  unggulan  ti  kabupatén/kota
                                     nu aya di Jawa Barat.






                         Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                    19
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   25   26   27   28   29   30   31   32   33   34   35