Page 28 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 28

ku rébuan panongton téh  dibuka ku Wakil Gupernur Jawa
            Barat, Deddy Mizwar. Dina pamapagna, Deddy Mizwar
            nétélakeun yén seni budaya Jawa Barat téh boga ajén anu
            kacida luhurna sarta bisa jadi asét budaya anu payu dijual
            keur kapentingan pariwisata.
                  Rupaning  seni  ung-gulan  ti  26  kabupatén/kota
            téh  dipintonkeun  babarengan  dina  wangun  hélaran.
            Lian ti éta, dipin-tonkeun ogé kaulinan urang lembur,
            pagelaran  seni  kontémporér,  pés-tival  ngabodor
            sorangan  (borangan),  lomba  ngalukis  tingkat  barudak,
            workshop  seni  budaya,  péstival  wayang  internasional,
            paméran seni rupa ténda, sarta paméran kujang. Sakabéh
            pintonan dikokolakeun ku paraseniman budayawan ti 26
            kabupatén/kota,  komunitas  seni,  sarta  pangrajin  seni  di
            Jawa Barat.

                  Pangbagéa  masarakat  kana  ieu  acara  téh  kacida
            pikabungaheunana. Salila tujuh poé tujuh peuting acara
            pintonan,  teu  weléh  dideugdeug  ku  nu  lalajo,  nepi  ka
            patalimarga  sabudeureun Gedong Saté macét pisan.


            B.   Medar Warta

                  Aya  sababaraha  hal  anu  kudu  dipigawé  ku  hidep
            jeroning mikawanoh warta. Geura titénan contona.

            1.    Néangan Jejer/téma warta
                  Warta  di luhur  téh midangkeun  kagiatan budaya.  Ku
                  kituna,  jejer atawa témana ogé tangtu baé budaya.

            2.    Ngaringkes Warta
                  Warta  di  luhur  téh  nyaritakeun  kagiatan  miéling
                  milangkala  Provinsi  Jawa  Barat  anu  ka-68.  Eta
                  kagiatan téh dilaksanakeun di sabudeureun Gedong
                  Saté Bandung salila tujuh poé tujuh peuting. Acarana
                  dibuka  ku  Wakil  Gupernur  Jawa  Barat,  Deddy
                  Mizwar.




                         Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                    17
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   23   24   25   26   27   28   29   30   31   32   33