Page 22 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 22

6.    Caritakeun deui eusi kawihna maké basa sorangan!
            7.    Kelompok tujuh jeung kelompok dalapan maju ka hareup,
                  giliran    ngahaleuangkeun  kawih  jeung  midangkeun  hasil
                  pedaranana!
            8.    Kelompok  séjén  ngoméntaran  kana  pedaran  ti  kelompok
                  tujuh jeung kelompok dalapan. Najan kawihna sarua, tangtu
                  hasil pedaranana bakal aya bédana. Bédana ieu jadi bahan
                  diskusi kelas!
            9.    Kelompok  tujuh  jeung  kelompok  dalapan  babarengan
                  nyindekkeun  sagala  rupa  hal  anu  kapanggih  dina  kawih
                  Mojang Priangan!


            D.  Pancén


            1.    Bandingkeun  eusi  kawih  Sabilulungan  jeung  Mojang
                  Priangan. Téangan naon bédana jeung naon sasaruanna!
                  a.    Témana
                  b.    Eusina
                  c.    Kecap-kecap nu digunakeunna
            2.    Pék  hidep  masing-masing  néangan  conto-conto  kawih
                  séjénna anu can aya dina buku. Minimal saurang hiji kawih.
                  Mun geus manggih kawih anu dipikaresep, pék pigawé:
                  a.    Diajar  ngawihkeunana  naha  nurutan  tina  CD  atawa
                        nanyakeun ka Bapa/Ibu Guru.
                  b.    Téangan  kecap-kecap  anu  teu  kaharti  tuluy  téangan
                        hartina dina kamus!
                  c.    Larapkeun kecap-kecap kasebut kana kalimah!
                  d.   Téangan kecap-kecap anu murwakanti!
                  e.    Tuliskeun deui eusi kawihna  dina wangun lancaran
                        maké  basa  hidep    sorangan.  Hasil  pancén  ieu  bakal
                        dipintonkeun di kelas!
            3.    Regepkeun  kawih  Angin  Priangan,  Kembang  Tanjung
                  Panineungan, jeung Duh Indung, dina CD sarta disetél ngan
                  sabalikan, terus lengkepan kekecapan dina kawih di handap!
                  Saméméhna kadé kawihna disalin heula kana buku tulis.





                         Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                    11
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   17   18   19   20   21   22   23   24   25   26   27