Page 32 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 32

bisa ngamuat sababaraha béja. Ulah pédah rumusna ngan
            aya  genep,  nulis  ogé  ukur  hiji-hiji  dina  unggal  rumus,
            sakadar pikeun nyumponan genep rumus éta wungkul.


                                        Latihan
            Baca conto warta di handap!

                  Ti  tanggal  5  nepi  ka  15  Agustus  2013,  di  Gedong
            Kasenian  Rumentang  Siang  Bandung  diayakeun  pasang-giri
            drama  tingkat  SMP/Mts  sa-Jawa  Barat  anu diayakeun ku Di-
            nas  Pendidikan  Provinsi  Jawa  Barat.  Unggal  kabupatén/kota
            ngirimkeun  wawakilna.  Aya  anu  ngan  ukur  ngirimkeun  hiji
            wawakil, aya ogé anu nepi ka dua atawa tilu wawakil. Jumlah
            pamilon anu miluan kana éta pasanggiri aya 63 grup drama. Teu
            wudu Gedong Kasenian Rumentang Siang anu biasana tiiseun
            téh ngadadak ramé, boh ku pamilon boh ku nu lalajo. Unggal poé
            korsi panongton teu weléh pinuh. Matak reugreug ka panitia.



            Sabada maca warta di luhur, pék téangan:

             Kalimah tanyana                  Rumusan wartana         Larapna dina warta
             Kagiatan naon anu                naon (what)
             diayakeunna?
                                              saha (who)
                                              di mana (where)
                                              iraha (when)
                                              Naha (why)
                                              kumaha (how)


            2.  Warta dina Televisi

            ________________________________________________________________
             SUNDA TELEVISI
             DIVISI PEMBERITAAN                          TANGGAL            : 4 -10 -2012
                                                                                  REPORTER   : SANDY

                                                                                  CAMERAMAN  : SANDY
                                                         EIC                : RANGGA



                         Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                    21
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   27   28   29   30   31   32   33   34   35   36   37