Page 29 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 29

Ieu  acara  téh  magelarkeun  hélaran  seni  tradisi
                                unggulan ti 26 kabupatén/kota nu aya di Jawa Barat.
                                Lian ti éta, dipagelarkeun ogé rupa-rupa kaparigelan
                                jeung kamonésan seni budaya ti sababaraha daérah
                                upamana  kaulinan  urang  lembur,  pagelaran
                                seni  kontémporér,  péstival  ngabodor  sorangan
                                (borangan),  lomba  lukis  tingkat  barudak,  workshop
                                seni budaya, péstival wayang internasional, paméran
                                seni  rupa  ténda,  sarta  paméran  kujang.  Kabéh
                                pintonan  dikokolakeun  ku  seniman  budayawan  ti
                                unggal daérah, sarta meunang pangbagéa anu hadé
                                ti masarakat.
                           3.    Néangan Rumusan  Warta

                                Pikeun manggihan rumusan  warta di luhur, hayu
                                urang  jieun  pananya  anu  jawabanana  aya  dina
                                warta!
                                a.  Naon anu jadi jejer warta di luhur?
                                    Jawabanana:  Kagiatan  Pekan  Seni  Jawa  Barat
                                    2013 anu mintonkeun rupa-rupa seni unggulan ti
                                    kabupatén/kota nu aya di Jawa Barat.
                                b.  Kasenian naon waé anu dipintonkeunana?
                                    Jawabanana:  Hélaran    seni  tradisi  Jawa
                                    Barat,  kaulinan  urang  lembur,  pagelaran  seni
                                    kontémporér,      péstival    ngabodor     sorangan
                                    (borangan),  lomba  lukis  tingkat  barudak,
                                    workshop      seni   budaya,     péstival    wayang
                                    internasional,  paméran  seni  rupa  ténda,  jeung
                                    paméran kujang.
                                c.  Saha nu ngayakeunana?
                                    Jawabanana:  Dinas  Pariwisata  dan  Kebudayaan
                                    Provinsi Jawa Barat
                                d.  Saha anu muka kagiatanana?
                                    Jawabanana: Wakil Gupernur Jawa Barat Deddy
                                    Mizwar.
                                e.  Saha anu mintonna?
                                    Jawabanana:  Paraseniman  budayawan  ti  26

            18                                    Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                                                  Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   24   25   26   27   28   29   30   31   32   33   34