Page 33 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 33

POKOK BERITA


              Pasanggiri Ngadongéng pikeun Ngarojong Karep Diajar Siswa


                   VIDEO                                  AUDIO

                               Cimahi  ngagelar  pasanggiri  ngadongéng/tingkat
           PENYIAR             SMP sa-Kota Cimahi// Eta lomba diayakeun pikeun
                               ngarojong karep siswa SMP/ ngaludang deui tradisi
                               ngadongéng/ anu geus méh leungit.
           VTR STAR                  ....................... VOICE OVER .......................

                               Dina  tanggal  21  Pebruari  2014  anu  anyar  kaliwat/
                               MGMP Basa Sunda Kota Cimahi/ngagelar pasanggiri
                               ngadongéng  tingkat  SMP  sa-Kota  Cimahi//Ieu
                               kagiatan  anu  diayakeun  di  SMPN  8  Cimahi  téh/
                               pikeun  ngareuah-reuah  miéling  poé  basa  indung
                               sadunya       atawa     mother      tangue//Nurutkeun
                               katerangan  ti  pupuhu  MGMP  Basa  Sunda  Kota
                               Cimahi/Ibu  Susi  Budiwati,S.Pd./  ieu  kagiatan  téh
                               geus  rutin  diayakeun  saban  taun//  Dipiharep/  ieu
                               kagiatan  bisa ngahudang deui karesep barudak kana
                               dongéng-dongéng  Sunda/anu  geus  ngeureuyeuh
                               laleungitan//Lian ti éta/pikeun numuwuhkeun deui
                               tradisi ngadongéng anu geus méh leungit//Sakabéh
                               SMP anu aya di Kota Cimahi/ngirimkeun wawakilna//
                               Matak reueus/lantaran geuning barudak téh palinter
                               ngadongéngna//  Tina  54  urang  pamilon/22  urang
                               pamilon  istri  jeung  22  urang  pamilon  pameget/
                               ditetepkeun masing-masing genep pinunjul//Unggal
                               pinunjul meunang piala/ piagem/ jeung béasiswa ti
                               kapala Dinas Pendidikan Kota Cimahi//



           Susi Budiwati,S.          ....................... STATEMENT .......................
           Pd.
           Pupuhu MGMP                  SANDY NUGROHO/ SUNDA TV//




            22                                    Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                                                  Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   28   29   30   31   32   33   34   35   36   37   38