Page 59 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 59

d.   Sabada  diajar  nyieun  pupuh  sinom,  ayeuna  hayu  urang  diajar
               nyieun pupuh kinanti. Sapada waé heula. Urang tangtukeun heula
               patokanana:
               ___  ___  ___  ___  ___  ___  ___  ___  (8-u)
               ___  ___  ___  ___  ___  ___  ___  ___  (8-i)
               ___  ___  ___  ___  ___  ___  ___  ___  (8-a)
               ___  ___  ___  ___  ___  ___  ___  ___  (8-i)
               ___  ___  ___  ___  ___  ___  ___  ___  (8-a)
               ___  ___  ___  ___  ___  ___  ___  ___  (8-i)
               Ayeuna  upamana  rék  nyieun  pupuh  kinanti  ngeunaan  ngaran-
          ngaran  kekembangan.  Téangan  heula  ngaran  kekembangan  anu  sora
          vokalna sarua jeung patokan di luhur:
               _________________________ bakung (8-u)
               _________________________ malati (8-i)
               _________________________ érmawar (8-a)
               _________________________ lili (8-i)
               _________________________ dahlia (8-a)
               _________________________ kacapiring (8-i)


               Ayeuna hayu urang lengkepan padalisanna:
                        Éndah pisan kembang bakung (8-u)
                        Ari nu seungit malati (8-i)
                        Matak hégar mah érmawar (8-a)
                        Ngirut ati kembang lili (8-i)
                        Paselang reujeung dahlia (8-a)
                        Dipapaés kacapiring (8-i)
          e.    Sabada  bisa  nyieun  sapada,  ayeuna  hayu  urang  diajar  nyieun
               guguritan  dina  pupuh  kinanti  anu  ngalalakon  (nyaritakeun  hiji
               kajadian).  Eusina  nyaritakeun  kagiatan  urang  waktu  hudang  saré
               subuh nepi ka indit ka sakola. Rupa-rupa kajadian bisa kaalaman.
               Geura  pék baca sing gemet guguritan di handap!


                                     Kabeurangan ka Sakola

                 Kuring hudang subuh-subuh, (8-u)
                 gura-giru tuluy mandi, (8-i)
                 geus mandi maké saragam, (8-a)

            48                                    Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                                                  Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   54   55   56   57   58   59   60   61   62   63   64