Page 63 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 63

2.    Lobana  pupuh:    Sinom  sapada,  Kinanti  sapada,    Maskumambang
               sapada, Asmarandana sapada, jeung Mijil sapada.
          3.    Sabada  lancar  nulis  sapada,  tuluy  nulis  lima  pada  anu  caritana
               ngaruntuy (ngalalakon). Pupuhna pék milih sakahayang, teu kudu
               opatanana. Témana ogé bébas milih sorangan.


          c.    Pancén di imah
          1.    Sabada hidep mikawanoh guguritan, pék téangan conto   guguritan
               séjénna.  Hidep  bisa  néangan  tina  buku,  majalah,  atawa  internét.
               Pilih  anu  eusina  kaharti  ku  hidep.  Guguritan  dina  pupuh  sinom,
               guguritan dina pupuh kinanti, guguritan dina pupuh asmarandana,
               jeung guguritan dina pupuh mijil. Masing-masing hiji baé!
          2.    Baca guguritanana sing gemet, ulah poho bari dicirian    kecap-kecap
               anu teu kaharti, tuluy téangan hartina dina kamus!
          3.    Caritakeun eusi masing-masing guguritan maké basa hidep sorangan,
               dituliskeun dina wangun lancaran!
          4.    Sebutkeun naon témana!
          5.    Tuliskeun  guru  lagu  jeung  guru  wilanganana.  Méh  babari
               nuliskeunana maké tabél jiga dina conto!

                                                                                                                PANGAJARAN
                                                                                                                    4
































            52                                    Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                                                  Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   58   59   60   61   62   63   64   65   66   67   68