Page 55 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 55

__  __  __  __  __  __  __  7-a
                        __  __  __  __  __  __  __  __ 8-i
                        __  __  __  __  __  __  __  __  __  __  __  __  __ 12-a


          2.   Sabada  urang  ngawincik  patokanana,  ayeuna  tang-tukeun  jejer
               atawa témana. Léngkah-léngkahna:
               a.    Anu  babari  heula,  nyambungkeun  kecap  ulah  waka  mikiran
                     eusi. Upamana rék nyaritakeun ngaran bungbuahan. Téangan
                     ngaran-ngaran  bungbuahan  anu  sora  vokal  panungtungna
                     luyu jeung patokan pupuh sinom.
                     __________________________ gedang (8-a)
                     __________________________ kacapi (8-i)
                     __________________________ salak (8-a)
                     __________________________ céri (8-i)
                     __________________________ strowbéri (7-i)
                     __________________________ kadu (8-u)
                     __________________________ nangka (7-a)
                     __________________________ manalagi (8-i)
                     __________________________ sarikaya (8-a)
               Sabada  kapanggih  kecap-kecap  keur  tungtung  unggal  padalisan,
          ayeuna urang téangan keur kalimahna. Geura titénan:

               Anu amis hipu gedang (8-a)
               haseum mah buah kacapi (8-i)
               anu kesed éta salak (8-a)
               nu beureum leutik mah céri (8-i)
               amis haseum strawbéri (7-i)
               amis kareueut mah kadu (8-u)
               seungit melenghir nangka (7-a)
               mun buah mah manalagi (8-i)
               daging bodas semu empuk sarikaya (12-a)


          b.   Ayeuna  urang  nyieun  pupuh  sinom  anu  jejerna    nyaritakeun
               kaéndahan alam di kebon entéh. Mimitina téangan kecap-kecap anu
               patali jeung kaayaan di kebon entéh atawa jeung kaayaan haté lamun
               ningali kebon entéh sarta vokal panungtungna luyu jeung patokan
               pupuh sinom téa. Upamana:


            44                                    Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                                                  Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   50   51   52   53   54   55   56   57   58   59   60