Page 56 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 56

__________________________ lega (8-a)
                        __________________________ ati   (8-i)
                        __________________________ kagagas (8-a)
                        __________________________ pikir  (8-i)
                        __________________________ ningali (7-i)
                        __________________________ isuk-isuk (8-u)
                        __________________________ kacida (7-a)
                        __________________________ ricit (8-i)
                        __________________________ pipikiran (12-a)


                  Ayeuna hayu urang lengkepan kalimahna, jadi kieu:
                           Kebon entéh ngaplak lega (8-a)
                           matak sumérédét  ati (8-i)
                           éstuning matak kagagas (8-a)
                           matak tingtrim kana pikir (8-i)
                           lamun urang ningali  (7-i)
                           dina wanci isuk-isuk (8-u)
                           matak waas kacida (7-a)
                           manuk  disarada ricit  (8-a)
                           matak waas matak kelar pipikiran (12-a)
            c.    Ayeuna  urang  cobaan  nyieun  pupuh  sinom  anu  eusi  éta  pupuh
                  nyaritakeun  lalampahan  ulin  ka  kebon  binatang  Bandung.  Hidep
                  kungsi  ulin  ka  kebon  binatang?  Anu  kungsi  mah  tangtu  bakal
                  kagambar kumaha kaayaan di kebon binatang anu perenahna di Jl.
                  Taman Sari Bandung téh. Tapi lamun can kungsi, geura hayu baé
                  urang babarengan nulis guguritanana. Mimitina urang  kumpulkeun
                  kecap-kecap  anu  patali  jeung  kebon  binatang    anu  sora  vokal
                  panungtungna sarua jeung patokan pupuh sinom. Kumpulkeun baé
                  saloba-lobana.  Dina  pada  mimiti  mah  ulah  langsung  nyaritakeun
                  kebon  binatang  méh  jalan  caritana  ngajalur,  bisa  dimimitian  ku
                  nyaritakeun  lalampahan basa indit ka éta tempat. Hayu geura urang
                  mimitian, urang judulan Ka Kebon Binatang!
                  Bisi poho, urang tuliskeun deui patokanana!
                  ___  ___  ___ ___ ___  ___  ___  ____ 8-a
                  ___  ___  ___ ___ ___  ___  ___  ____ 8-i
                  ___  ___  ___ ___ ___  ___  ___  ____ 8-a




                         Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                    45
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   51   52   53   54   55   56   57   58   59   60   61