Page 54 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 54

Latihan
                  Guguritan pupuh mijil ieu ogé,  béda deui patokanna jeung pupuh
            nu  tilu  tadi.    Sangkan  hidep  leuwih  paham  naon  bédana,  pék  pigawé
            pancén di handap!

            1.    Diskusikeun jeung kelompok anu tadi kénéh!
            2.    Téangan kecap-kecap anu teu kaharti sarta téangan        hartina dina
                  kamus!
            3.    Tembangkeun guguritan di luhur nepi ka bisa!
            4.    Diskusikeun jeung kelompok, naon  eusi guguritanna sarta tunjuk
                  saurang pikeun nyaritakeun deui eusina maké basa sorangan!
            5.    Téangan jejer/téma guguritanna!
            6.    Téangan guru wilangan jeung guru laguna!
            7.    Bandingkeun    guguritan    "Budak  Bangor"  jeung  Di  "Mekah  Tepung
                  Silaturahmi", boh tina eusi, téma, jeung kecap-kecap anu dipakéna!
                                                                           kecap-kecap
                      Guguritan            Eusina           témana
                                                                          anu dipakéna


                   Budak Bangor



                   Di Mekah
                   Tepung
                   Silaturahmi



            D.   Nulis Guguritan

            Hayu urang diajar nulis guguritan!
            1.    Nulis guguritan téh sabenerna babari pisan. Anu kudu dipikanyaho,
                  patokanana heula. Upamana urang rék nulis pupuh sinom. Geura
                  urang cirian heula patokanana:
                  __  __  __  __  __  __  __  __ 8-a
                  __  __  __  __  __  __  __  __ 8-i
                  __  __  __  __  __  __  __  __ 8-a
                  __  __  __  __  __  __  __  __ 8-i
                  __  __  __  __  __  __  __  __  7-i
                  __  __  __  __  __  __  __  __ 8-u



                         Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                    43
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   49   50   51   52   53   54   55   56   57   58   59