Page 60 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 60

henteu poho maké dasi, (8-i)
                    geus dangdan tuluy sasarap, (8-a)
                    geus rapih mah tuluy indit. (8-i)
                                  Naék angkot asa rusuh, (8-u)
                                  asup gé henteu tarapti, (8-i)
                                  diuk téh rada ngajengkang, (8-a)
                                  diseungseurikeun ku supir, (8-i)
                                  beungeut beureum sabab éra, (8-a)
                                  da saangkot milu seuri. (8-i)
                    Geus nepi téh rusuh turun, (8-u)
                    poho can mayar ka supir, (8-i)
                    supir nagih bari namprak, (8-a)
                    geuwat kuring ngodok duit, (8-i)
                    duit lecek sarébuan, (8-a)
                    sok dibikeun léos indit. (8-i)
                                  Panto gerbang geus ditutup, (8-u)
                                  abong geus apes titadi, (8-i)
                                  kalah ngadon kabeurangan, (8-a)
                                  gerbang kaburu dikonci, (8-i)
                                  kuring gugupay ka satpam, (8-a)
                                  ménta gerbang buka deui. (8-i)
                                  Satpam nyampeurkeun  jamedud, (8-u)
                           saeutik ogé teu seuri, (8-i)
                           meureun keuheul digupayan, (8-a)
                           ku budak sapantar kuring, (8-i)
                           kuring ménta dihampura, (8-a)
                           pa satpam kakara seuri. (8-i)

            E.   Pancén



            a.    Pancén Mandiri

            1.    Témbangkeun guguritan anu judulna “Ka Kebon Binatang” jeung
                  “Kabeurangan ka Sakola”, saurang-saurang ka hareup!
            2.    Caritakeun  deui  maké  basa  hidep  sorangan  eusi  guguritan  “Ka
                  Kebon Binatang” jeung  “Kabeurangan ka Sakola” di luhur!
            3.    Anggeuskeun guguritan sinom di handap!


                         Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                    49
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   55   56   57   58   59   60   61   62   63   64   65