Page 65 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 65

un  dina  basa  Indonésia  mah  sisindiran  téh
                                      pantun téa. Bisa dipaké keur paguneman. Malah
                           Msok  diselapkeun  dina  biantara,  maksudna
                           keur  mamanis  basa.  Resep  geura  ngobrol  silihbales  ku
                           sisindiran mah. Sok komo pan sisindiran mah eusina ogé
                           lian ti papatah jeung silihasih téh, aya anu heureuy atawa
                           banyol. Upamana:
                                Rarasaan cengkéh konéng
                                Kulit peuteuy dina nyiru
                                Rarasaan lengkéh konéng
                                Kulit beuteung mani nambru


                           Dijawab ku anu disindiran:


                                Najan peuteuy dina nyiru
                                Sakoteng dibawa muter
                                Najan kulit beuteung nambru
                                Da ganteng katambah pinter


                                Tuh pan, najan silihpoyok ogé teu matak nyeri haté
                           ari nyaritana ku sisindiran mah. Nu matak kolot baheula
                           mah    mun  nyarios  sok  direumbeuy  ku  sisindiran  ogé,
                           maksudna  mah  sangkan  omongan  teu  togmol  teuing
                           karasana.  Geura  hayu  urang  diajar  nulis  sisindiran
                           sangkan engké bisa nyarita nu direumbeuy ku sisindiran.





          A.  Maca Sisindiran dina Paguneman

          Guru      :  Ayeuna pangajaran kaopat. Urang diajar sisindiran.
                               Ngawuluku ngawalajar
                               kudu dibaladah heula
                               dina waktu rék diajar
                               hayu ngadaro’a heula
                      Sok  KM siapkeun heula!




            54                                    Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                                                  Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   60   61   62   63   64   65   66   67   68   69   70