Page 137 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 137

Ndén,  asa  tos  lami  nya  teu  tepang?  Meni  sonoooooo  pisan  ka
             Néndén téh. Komo basa muka facebook Néndén aya poto-poto nuju
             ngaliwet sisi balong sareng réréncangan SMA Néndén. Deueueueuh.....
             resep jigana téh. Emut harita nuju urang ngaliwet téa di bumi Néndén.
             Heuheu...Si  Anggun  tigujubar  kana  balong  da  grogi  aya  Si  Heri
             hahaha.....geuning urang saréréa meni ngeunah seuri. Zahra mah meni
             nyeri kulit beuteung.

                   Ayeuna mah Néndén tos gaduh réréncangan énggal nya. Tos tara
             ameng deui sareng grup Pinker? Sakolana malencar atuda nya. Anu
             sa-SMA sareng Néndén saha wae ti grup Pinker? Saurna Si Anggun
             sareng Si Cikal ka SMK neraskeun sakolana?

                   Zahra gé tadina mah pami teu lulus ka SMA badé ka SMK
             waé. Teu aya niat neraskeun sakola ka Bandung. Eh Si Bibi keukeuh
             miwarang sakola ka Bandung, da di bumina teu aya sasaha. Hoyong
             aya réncang saurna, pan Si Bibi mah teu kagungan putra. Tos milik
             Zahra panginten, kalah ngacleng sorangan ka Bandung. Tapi resep
             kétah sakola di Bandung mah seueur pangalaman anyar. Ngan hiji wé,
             teu kiat ku sono ka Mamah, ka Bapa, ka Si Adé, sareng grup Pinker.
             Iraha atuh urang ngariung deui?
                   Pami Zahra kin liburan di Subang, urang ngumpul nya, urang
           ngaliwet bari meuleum lauk nila deui. Laaah meni tos ngaruy kieu hoyong
           geura am héhéhé.....

                   Sakali-kalieun Néndén ameng atuh ka Bandung, urang shopping
           sasarengan. Di Bandung mah seueur geura mall téh, teu ngan ukur hiji
           jiga di Subang.

                   Néndén  anu  geulis  anu  bageur  anu  sagalana.......tos  heula  nya
           seratna  dugi  ka  dieu  heula.  Sanés  waktos  disambung  deui.  Salam  ka
           sadayana. Dadaaaaaah......

                                                       Sonona,





                                                       Zahra Pinker



            126                                   Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                                                  Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   132   133   134   135   136   137   138   139   140   141   142