Page 134 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 134

waktos        : tabuh 12.00 WIB dugi ka réngsé,
                    tempatna di sekretariat OSIS SMPN Bandung.
                           Kalintang  bingahna  upami  sadérék  tiasa  sumping  dina
              waktosna. Hatur nuhun kana perhatosanana.
                                                                      Kairing salam,
                    Pupuhu,                                           Girang serat,




                Alghifari Raspati                                    Alzahra Pramanik


                                             Kauninga ku
                                   Pembina OSIS SMPN Bandung,




                                       Hj. Nani Rohayati, S.Pd.



            1.    Eusi Surat

                  Mun nilik kana wangunna, tangu baé ieu surat téh
            disebutna  surat  resmi/dines.  Disebut  resmi  téh  lantaran
            nu ngaluarkeunna hiji organisasi, ditujukeun ka anggota
            organisasi, sarta eusina ngan wungkul urusan dines éta
            organisasi. Pan eusina ogé  pupuhu OSIS ngondang rapat
            ka anggotana pikeun ngabadamikeun kagiatan anu bakal
            dilaksanakeun ku organisasina.


            2.    Babagian suratna
                  Dina nulis surat resmi, dimimitian ku kop surat nu
            nuduhkeun ngaran dinas atawa organisasi nu ngaluarkeun
            éta surat. Sanggeus kop surat, lian ti aya titimangsa téh aya
            ogé nomer kaluarna surat jeung maksud dikaluarkeunna
            éta  surat.  Malah  mun  dibarengan  ku  berkas  séjénna
            mah  biasana  ditulis  dina  pangdeudeul  sabaraha  lobana
            berkas anu dibarengkeun jeung surat téa.  Sanggeus éta,
            kakara  ditulis  tujul  surat  atawa  saha  anu  dikirim  éta
            surat. Tuluyna mah sarua waé, aya salam bubuka, alinéa



                         Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                   123
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   129   130   131   132   133   134   135   136   137   138   139