Page 138 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 138

1.    Eusi Surat
                  Dina conto surat di luhur, éta surat téh ditulis ku Zahra ka babaturanna
            keur SMP anu ngaran Néndén. Zahra nulis surat téh lantaran kahudang
            kasonona sabada mukaan facebook-na Néndén nu aya poto Néndén jeung
            babaturan SMA-na ngaliwet sisi balong. Komo da baheulana Zahra ogé
            kungsi ngalaman ngaliwet di imahna Néndén.
                  Najan teu diobrolkeun kabéh, tapi ku urang bisa kateguh yén Zahra
            jeung Néndén téh keur SMP-na boga grup nu dingaranan Pinker. Grup
            Pinker anu kasebut ku Zahra dina suratna nyaéta Anggun jeung Cikal.
            Ari Heri mah jigana kabogoh Anggun nu matak  Anggun grogi ogé.
                  Éta anggota grup Pinker téh sabada lulus SMP, sakolana malencar.
            Zahra ogé anu teu niat sakola ka Bandung, kalah ngacleng sosoranganan.
            Da  cenah  bibina  palay  dibaturan.  Tangtu  baé  Zahra  resepeun  sakola
            di Bandung téh, najan sok teu kuat ngarasa sono ka adi  jeung indung
            bapana.
                  Zahra gé ngajak, mun manéhna liburan di Subang, hayang ngumpul
            bari ngaliwet deui jeung babaturan grup Pinker-na. Atuh ka Néndén ogé
            ngajak ulin ka Bandung, ngajak ulin ka mall anu di Bandung mah loba
            pisan, béda jeung di kota asalna.
                  Ku sabab eusina urusan pribadi sarta nu ngirimna ogé ti hiji pribadi
            ka pribadi séjénna, ieu surat téh disebutna surat pribadi.

            2.    Babagian Surat Pribadi

                  Dina  prak-prakan  nulis  surat  kudu  luyu  jeung  babagéan  surat
            pribadi:
            a.    Titimangsa, nyaéta tempat, tanggal, bulan, jeung taun dijieunna éta
                  surat.
            b.    Alamat/tujuan surat, nyaéta saha nu jadi tujuan éta surat.
            c.    Salam bubuka
            d.   Eusi surat, nu ngawengku :
                  a.    Bubuka (alinéa bubuka)
                  b.    Eusi (maksud atawa tujuan éta surat)
                  c.    Panutup (alinéa panutup)
            e.    Salam panutup
            f.    Tanda tangan nu ngirim/nu nulis surat
            g.    Ngaran anu ngirim surat



                         Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                   127
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   133   134   135   136   137   138   139   140   141   142   143