Page 136 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 136

Latihan
                  Sangkan leuwih paham kana eusi surat di luhur, pék jawab pananya
            di handap!

            1.    Naon anu dimaksud surat téh?
            2.    Naon kagunaanana?
            3.    Naha surat di luhur disebut surat dines? Jéntrékeun!
            4.    Naon anu dimaksud titimangsa?
            5.    Tuliskeun deui bagian kop surat dina surat di luhur!
            6.    Tuliskeun deui bagian tujul surat dina surat di luhur!
            7.    Tuliskeun deui bagian salam bubuka jeung alinéa bubuka dina surat
                  di luhur!
            8.    Tuliskeun deui bagian eusi dina surat di luhur!
            9.    Tuliskeun deui bagian panutup jeung salam panutup dina surat di
                  luhur!
            10.   Naha dina surat dines anu nandatanganna kudu tiluan? Sebutkeun
                  alesanana!





            B.    Maca Surat  Pribadi




                    Bandung, 20 Agustus 2012



                    Kahatur

                    Néndén nu geulis

                    di bumi



                    Salam sono,

                    Ndén,  kumaha  damang?  Mugia  Allah  nangtayungan  Néndén
              sakulawargi  salalamina.  Amiin.    Alhamdulillah  Zahra  gé  dina  waktos
              ngadamel ieu serat mah nuju séhat walafiat, teu kirang sawios-wios. Mung
              artos nu kirang waé téh héhéhé.......




                         Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                   125
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   131   132   133   134   135   136   137   138   139   140   141