Page 133 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 133

J   aman kiwari masih aya kénéh anu sok silihsuratan? Jigana geus carang


              pisan nya. Tong boroning ti anak ka kolotna  atawa ti kolot ka anakna,
              ti babaturan ka babaturan deui, atawa ti lalaki ka kabogohna, dalah ti
          organisasi ka anggotana ogé geus carang nu ngondang maké surat. Gara-
          gara aya sms, bbm, kakaoTalk, line, chat on, instagram, path, facebook,
          twitter, email,  jsb. sarupaning komunikasi digital, pungsi surat pikeun alat
          komunikasi téh geus ngésér jauh pisan. Ngedalkeun rasa resep ka awéwé
          atawa ka lalaki, cukup sms atawa bbm waé. Kitu deui mun mutuskeun
          kabogoh. Tara ieuh maké surat. Ayeuna hidep bakal diajar mikawanoh
          surat resmi, surat ondangan hajat, jeung surat pribadi. Ti mimiti struktur
          suratna, eusina, kagunaanna, nepi ka bisa nyieunna.



          A.    Maca Surat Dines


                      ORGANISASI SISWA INTRA SEKOLAH
                                SMP NEGERI  BANDUNG
                      Jalan D. Kartawigena Nomer 31 Bandung



            Nomer          :  02/OSIS/vii/14              Bandung, 1 Juli 2014
            Pangdeudeul  :  -
            Jejer          :  Uleman Gempungan


                             Kahatur
                             Réngréngan Pangurus OSIS
                             Di Bandung


                 Kairing hormat,
                 Hatur  uninga,  dina  raraga  mayunan  acara  Pekan  Kréativitas
            Siswa sasih Séptémber nu bakal dongkap, peryogi dibadantenkeun
            kagiatan  naon  waé  nu  bakal  dilaksanakeun.  Ku  margi  kitu,  sim
            kuring  ngulem  sadérék  supados  hadir  dina  gempungan  nu  badé
            dilaksanakeun,

                 dinten        : Saptu,
                 ping          : 6 Juli 2014,


            122                                   Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                                                  Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   128   129   130   131   132   133   134   135   136   137   138