Page 153 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 153

nu sok ngala cai ti Pa RW téh masarakat leutik nu ti baréto dumuk di
          wewengkon ieu. Da jalma anyar mah imahna alagréng, duka urang mana,
          cék béja mah para inohong ti kota ngadon ngadaramel bumi di dieu. Ari
          urang dieu butuh cai téh cukup ku ngali sumur opat atawa lima méter,
          sedengkeun nu baleunghar mah maraké jétpam nu jerona puluhan méter.
          Hadéna Pa RW mah najan urang dieu asli ogé kabedag masang jétpam,
          bubuhan anjeunna mah usaha kana matrial. Ampir kabéh nu ngabangun
          di lelewek ieu mah mareuli matrial ti Pa RW.
               “Odéd,  ieu  kosong,”  Si  Atun  ngagorowok  ti  lebah  keran  Pa  RW.
          Tayohna kacirieun kuring ti tadi nangtung hareupeun imah bari nyenyekel
          émbér kosong.

               “Nuhun,  Tun,”  pok  téh  bari  tereleng  lumpat  muru  keran,  tuluy
          dipurilitkeun, cai ngagolontor minuhan émbér. Teu kungsi lima balikan,
          bak pinuh. Sabot ngareureuh mépéskeun késang, leungeun ngarongkong
          buku jeung pulpén, tuluy ngalangeu dina teras, susuganan manggih ilham.
          Ras ka Si Ipon, kamari seret ka cuih nyaritakeun eusi karanganana.

               “Ipon mah nyaritakeun Si Tetéh nu jadi Pramugari,” pokna. “Saban
          poé ngangkleung dina kapal udara, kalan-kalan pelesir ka mancanagara.
          Malah Ipon sakulawarga kungsi dibawa ka Thailand, ka Brunei, jeung  ka
          Singapur,” cenah.
               Si  Nisa  siga  nu  embung  éléh,  nyaritakeun  Bibina  nu  jadi  Camat.
          “Bibi Nisa mah mun pidato téh meni capetang jeung perténtang,” cenah.
          Nyarita kituna téh bari luway- liwey gumeulis.

               Lah,  barudak  awéwé  mah  sok  resep  pamér.  Tapi  kituna  téh  da
          puguh  aya  pamérkeuneunana.  Ari  uing  kudu  nyaritakeun  saha  atuh?
          Mun nyaritakeun Si Ema, moal pada nyeungseurikun, kitu?

               Méméh  trét  nulis,  nyelang  narik  napas,  panon  dipeureumkeun.
          Barang nyah panon dibeuntakeun pulpén ngigel luhureun keretas.


                                        Indung Kuring
               Indung  kuring  geus  lila  hirup  rarandaan,  ngabayuan  kulawarga
          ngandelkeun  pangasilan  tina  buburuh  nyeuseuh  jeung  ngistrika.  Basa  Bapa
          maot, Kang Iwan kelas tilu SMP, Ceu Wiwin kelas 1 SMP, Kang Jaka kelas 5
          SD, ari kuring karék umur 3 taun.


            142                                   Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                                                  Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   148   149   150   151   152   153   154   155   156   157   158