Page 155 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 155

Awak nguniang, leumpang semu teunangan. Barang nepi ka buruan sakola,
          batur meni cuih nyaritakeun eusi karangan. Kuring mah sup wé ka rohangan. Gék
          diuk, tuluy narik napas. Basa bél disada, babaturan arasup ka kelas. Teu karuhan
          keteg jajantung ngadadak ngerepan. Komo basa ningal Bu Guru nyepeng buku
          pangajaran Basa Sunda, beungeut  asa ngahéab.

               “Cung nu karanganana geus réngsé?” saur Bu guru.
               Babaturan ampir kabéh ngacungkeun leungeun, ari leungeun kuring bet
          agag-agagan, asa-asa rék ngacung téh.

               “Odéd?” Bu Guru mencrong rada kerung.
               “Pap..., par...parantos Bu,” pok téh bari ngaluarkeun keretas tina jero tas.
               “Cingan....,” Bu Guru ngadeukeutan. “Tuh geuning? Sok baca ka hareup,”
          saurna.

               Najan karasa ngeleper, awak nguniang, ngoloyong leumpang.
               “Lahaola,” cék haté.
               Teu sakara-kara, geus nangtung di hareup mah jadi teteg, karangan dibaca
          norolang ti mimiti nepi ka anggeus.

               Bu Guru gumujeng bari ngacungkeun jempol. Babaturan kaleprok. Méméh
          ngaloyong balik deui kana tempat diuk, nyelang narik napas.
               Plong...........!



                           B.   Medar Carita Pondok



                           1.  Eusi Carita

                                Sangkan  leuwih  gampang  paham  kana  eusi  carita
                           pondok, urang bisa nyieun sababaraha pananya anu patali
                           jeung eusi, sarta tuluy pilih salasahiji jawabanana!
                           a.   Naon sababna Si Odéd huleng jentul waé?

                                1)    Lantaran  ngarasa  éra  pédah  boga  indung
                                      tukang buburuh nyeuseuh.
                                2)    Lantaran  kabita  ku  caritaan  Ipon  babaturan
                                      sakolana ngeunaan kahirupanna nu singsarwa
                                      ngeunah.


            144                                   Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                                                  Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   150   151   152   153   154   155   156   157   158   159   160