Page 154 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 154

Ayeuna, Kang Iwan geus jadi Sarjana, sok nyieunan komik bacaeun barudak
            dibantuan ku Kang Jaka nu karek kuliah tingkat hiji. Ceu Wiwin mah lulusan
            SMK  jurusan  Tata  Boga,  ayeuna  sok  nyieunan  kuéh-kuéh  jajanan  barudak,
            dititipkeun di warung sakola, bari ngeureuyeuh kuliah, geus tingkat dua. Pancén
            kuring mah mawa kuéh bari indit ka sakola, tuluy disimpen di warung, Néang
            sésa jeung ladangna mah sok langsung ku Ceu Wiwin.

                  Najan  Kang  Iwan  jeung  Ceu  Wiwin  geus  bisa  mantuan  nyiar  kipayah,
            Ema  mah  teu  eureun  buburuh  keur  nutupan  kabutuhan  kulawarga,  bubuhan
            pangasilan Akang jeung Euceu mah teu bisa diandelkeun. Komo mun di kampusna
            keur usum ujian, Ceu Wiwin sok eureun dagang kuéh. Aya tilu kulawarga nu

            maneuh sok muruhkeun nyeuseuh jeung ngistrika ka Ema téh. Jadi jero sapoé
            téh Ema ngider ka tilu imah. Indit isuk-isuk mun geus bérés pagawéan di imah,
            balikna pasosoré, kira-kira ba’da Asar. Sakalieun poé Ahad mah Ema sok peré
            buburuh, sabab sok ngahadiran acara pangaosan di masigit.

                  Hiji  waktu  basa  kasémahan  ku  Ua  Emi,  lanceuk  Ema  ti  lembur,  kuring
            ngintip obrolanana. Ua nyaurkeun héran duméh Ema bisa ngabayuan rumah
            tangga bari nyakolakeun budak opat ku sorangan. Sihoréng téh ku dunungan
            nu  tiluan  Ema  dibéré  kabébasan  nyetél  radio,  jadi  bari  digawé  téh  Ema  bisa
            ngupingkeun radio. Aya radio kameumeut nu acarana euyeub ku naséhat. Nya
            naséhat éta pisan nu méré kakuatan ka Ema téh, cenah. Tah kitu carita ngeunaan
            Indung kuring.

                  Réngsé nulis, deui-deui narik napas. Karangan dibaca teu sirikna sababaraha

            balikan. Cék rarasaan mah asa alus, tapi naha eusina moal matak éra? Mun kudu
            ngarang deui, asa teu sanggup, jeung teu boga deui picaritaeun.
                  Ah, kajeun teuing rék pada nyeungseurikeun ogé, batan kudu nyieun deui

            karangan séjén mah, hésé.
                  Najan geus maké baju saragem, asa horéam rék indit sakola téh, teu sanggup

            nahan wiwirang mun karangan pada nyeungseurikeun.
                  “Angger ari geus ngaheruk waé téh manéh mah Odéd. Geura indit anggur
            mah, bisi kabeurangan,” Ema ngagorowok ti lawang dapur, basa mireungeuh

            kuring keur ngadeluk dina téras.





                         Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                   143
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   149   150   151   152   153   154   155   156   157   158   159