Page 157 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 157

Mun  urang  geus  bisa  ngajawab  patalékan  di
                           luhur, tangtu bakal bisa paham kana eusi carita pondok
                           sagemblengna, nyaéta:
                           1.   Galur éta carita pondok téh nyaritakeun Si Odéd anu
                                ngarasa  bingung  lantaran  ku  guru  basa  Sunda-na
                                titah nyieun karangan anu aya patalina jeung wanoja,
                                dina raraga miéling dibabarkeunna Rd. Déwi Sartika
                                ogé  Hari  Ibu.  Salila  dua  minggu  manéhna  ngan
                                huleng  jentul,  lantaran  bingung  kudu  nyaritakeun
                                saha.  Mun  nyaritakeun  wanoja  anu  deukeut  jeung
                                kahirupanana  (indungna),  ngarasa  éra  lantaran
                                indungna  ukur  tukang  ngurut  jeung  buburuh
                                nyeuseuh  sarta  ngistrika  di  tatanggana.    Lantaran
                                teu  manggih  waé  bahan  caritakeuneun,  antukna
                                Odéd lahlahan nyaritakeun kaayaan indungna  waé.
                                Ku  Odéd  dicaritakeun  satarabasna  indungna  anu
                                geus randa sarta gawé tisusut tidungdung nepi ka
                                bisa nyakolakeun opat anakna, malah aya nu nepi ka
                                jadi sarjana sagala.  Mimitina mah Odéd ngarasa éra,
                                sieun  karanganna  pada  nyengseurikeun  lantaran
                                kahirupan  indungna  téh  pikaéraeun.  Tapi  geuning
                                sanggeus dibacakeun mah padamuji ku saréréa.
                           2.   Palaku anu kasebut dina carita pondok tadi téh Odéd,
                                indungna,  Ipon, Nisa, Téh Wiwin, Kang Iwan, Kang
                                Jaka, Bu Guru, Ma Acih, Si Atun,  jeung Pa RW. Tapi
                                carita museur ka Si Odéd, nu séjén mah ukur kacatur
                                saliwat,  malah  aya  nu  ngan  kasebut  wungkul.  Ku
                                kituna  bisa  dicindekkeun,  anu  jadi  palaku  utama
                                dina éta carita téh Si Odéd.
                           3.   Watek  palaku  bisa  kagambar  dina  kalakuan  jeung
                                omonganana.  Upamana  watek  Si  Odéd  éraan  tapi
                                teu babari putus pangaharepan. Si Ipon jeung Nisa,
                                resep  ngagul-ngagul  kaayaan,  emana  Odéd  pinuh
                                sumanget,  Teh  Wiwin,  Kang  Iwan,  jeung  Kang
                                Jaka watekna motékar, Atun jeung Pa RW  watekna
                                bageur.


            146                                   Pamekar Diajar  BASA SUNDA
                                                  Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   152   153   154   155   156   157   158   159   160   161   162