Page 158 - Kelas 8 Buku Siswa Bahasa Sunda -new_Neat
P. 158

4.    Latar/setting/ tempat kajadian éta carita di sakola, di
                  imahna Si Odéd, jeung di tempat ngala cai.
            5.    Anu  jadi  téma  karanganna  nyaéta  ulah  sok  éra  ku
                  kaayaan sorangan, nganggap sorangan taya harega.
            6.     Amanat  anu  aya  dina  éta  carpon  nyaéta  ulah  sok
                  ngalelewang  kaayaan  anu  tacan  kasorang,  kudu
                  percaya kana kamampuh sorangan.

            2.  Gaya Basa keur Ngawangun Suasana

            a.    Dina carita pondok di luhur aya kalimah kieu:


                        “Barang nyah panon dibeuntakeun, pulpén ngigel
                   luhureun keretas”


                  Dina kalimah di luhur, pulpén téh saolah-olah mahluk
            hirup  anu  bisa  ngigel  (ngibing/jogéd).  Sok  padahal  pan
            pulpén mah ukur barang paéh anu pamohalan bisa ngigel.
            Maksud  ngigel  di  dinya  mah  pulpén  téh  gerak  dipaké
            nulis dina keretas. Tangtu baé digerakkeun ku Odéd, nu
            nulisna. Disebut ngigel sotéh lantaran pangarang hayang
            nuduhkeun suasana basa keur nyieun karangan téh Odéd
            jiga  anu  teu  sadar  kana  naon  anu  keur  ditulisna.  Tah
            gaya basa anu ngupamakeun barang paéh jiga hirup téh
            disebutna gaya basa mijalma.


            b.    Lian ti éta aya deui kalimah:

                  “Awak nguniang, leumpang semu teunangan.”

                  Kecap  nguniang  jeung  teunangan  nuduhkeun
            suasana haté Odéd nu taya sumanget sama sakali. Hudang
            nguniang, biasana antaré rada harésé rék cengkat téh. Kitu
            deui leumpang teunangan ngalénghoy semu taya tanaga.
            Gerak  awak  anu  kitu  téh  tangtu  baé  kapangaruhan  ku
            suasana haté nu sagala horéam loba kahariwang.






                         Pamekar Diajar  BASA SUNDA                                   147
                        Pikeun Murid SMP/MTs Kelas VIII
   153   154   155   156   157   158   159   160   161   162   163